Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/43

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. lemes
  2. sedeng
  3. panengah
  4. wajar (loma)
  5. cohag (kasar pisan)

— J. Kats & M. Soeriadiradja, 1927; Ayatrohaedi, 1982):

  1. lemes pisan
  2. lemes
  3. panengah
  4. sedeng
  5. kasar
  6. kasar pisan

— R. Satjadibrata (1943; 19546):

  1. luhur
  2. lemes
  3. panengah
  4. kasar
  5. kasar pisan

— AA. Tisnawerdaja (1975):

(A) lemes:

  1. lemes pisan
  2. lemes biasa
  3. lemes sedeng
  4. lemes panengah

(B) kasar:

  1. biasa
  2. kasar pisan

Masarakat basa Sunda ayeuna tinggal nangtukeun nu mana anu rek dipilih, atawa sacara teknis undak-usuk basa Sunda teh rek disederhanakeun, terserah kumaha gampangna bae. Lamun arek disederhanakeun bisa ditingali sacara pragmatis:

kasar keur lemes keur
manusa nu nyarita
batur nyarita
sato nu dicaritakeun

Lamun dititenan leuwih anteb mah unsur anu asalna ti luar teh lain ngan undat- usuk wungkul, unsur sejenna oge loba anu asalna ti luar. Hal sarupa kitu bisa kajadian sabab basa Sunda teh mekarna bareng jeung basa sejenna, saperti: basa Indonesia, basa Jawa atawa basa Inggris. Geus tangtu bae dina seuhseuhanana ieh silihdupak, mun teu katoel oge. Pikeun istilah teknologi upamana, atawa

elmu nu can nyampak di Sunda, kapaksa ditampi sabeuleugeunjeurna, contona bae: televisi (tv), transistor, radio, satelit, jst. Pikeun satelit Palapa B-2 (lamun

43