basa daerah ngandung harti aya nu leuwih poko jeung potensial, nya eta kabudayaan jeung basa nasional, kabudayaan jeung basa nu teu ngawiji-wiji.
Ditingali tina jihat eta, lahirna tur wujud kanyataanana Rumusan GBHN Tap MPR Nomor 11/MPR/1983 mere bukti nu leuwih eces. Jadi kaliru lamun Ajip boga sangkaan yen eta rumusan papalingpang jeung pasal 32 sarta pasal 36 UUD 1945. Komo lamun urang leuwih wani nyekel hipotetis historis padungdengan ngawangun UUD 1945 mah. Alhasil, nu boga wewenang, kurang leuwih dalapanwelas taun ti harita, geus teu deui nganggap perelu ngamasalahkeun hakekat jeung eksistensi kabudayaan jeung basa daerah. Samalah tepi kana angkeuhan yen kabudayaan jeung basa daerah ngan saukur aspek nu ngajembarkeun kabudayaan jeung basa Indonesia — nu boa kaelehkeun ku aspek asing. Leuwih ti kitu, boa geus dipastikeun pisan yen kabudayaan jeung basa daerah — dina sagala widang — geus eleh pamor, kasedot tur kasedekkeun ku kabudayaan jeung basa Indonesia. Nepi ka subetnis Indonesia pareumeun obor, sarta ngawujud hirup kumbuh dina struktur sosial siga nu disinyalir ku Paul Bohannan tadi. Kabudayaan jeung basa daerah ngan saukur identitas imah jeung antara somah.
* *
Keur meujeuhna rame atawa geus ngulapes sakaratna kabudayaan 2) daerah ditelasan tur diredukasi ku kabudayaan Indonesia, tapi ari ilang pisan mah jigana acan — jadi ngan saukur rek di Museum Nasional, atawa rohangan husus di Museum Regional lokal. Sakali deui, bisa jadi kakara ngahanju, nepi ka rame gogorowokan jeung paciweuh, nyiar piubareun. Wujudna nya sarupaning 'penelitian dan pengkajian' siga Sundanologi, Jawanologi, jeung saterusna. Upaya nu leuwih nyoko kana nalungtik hasil kabudayaan jeung manifestasi kabudayaan nu geus ngawujud jeung nyampak. Hal nu memang mungkin lamun urang niténan kawijaksanaan pangwangunan kabudayaan Indonesia, nu leuwih ngiblat tur nurutan pola jeung cara atikan 3) Barat, kajeun masih meungpeun carang nyebut yen eta teh — ku modifikasi — has Indonesia. Alhasil upaya 'penelitian dan pengkajian' teh leuwih ngajinekkeun mangsa ka tukang-tukang ti batan ngalelempeng mangsa nu geus kaliwat dina titik ayeuna pikeun mangsa datang nu leuwih ngajigaan mangsa kaliwat. Itung-itung cocooan, sukur-sukur lamun ditahayulkeun jadi jimat.
Dina pola strategi kabudayaan siga kitu, lamun digambarkeun, kabudayaan-kabudayaan daerah rantuy kana kabudayaan Indonesia, bari kabudayaan Indonesia teh ngagantung atawa ngakar kana kabudayaan Barat, malah satekah polah hayang nyaruaan atawa ngajajarkeun diri dina ugeran kabudayaan Barat. Alhasil dina gerak dinamika kabudayaan Indonesia — utamana dina widang pulitik, ekonomi jeung elmu pangaweruh — nahap-nahapkeun maneh dina kabudayaan Barat, kabudayaan daerah karurud atawa tinggaleun tapak tur teu boga piliheun, tincakeun, salian ti ngadudud marengan kabudayaan Indonesia nahap-nahapkeun maneh kana kabudayaan Barat. Kabudayaan daerah nu ngaharepkeun pangayoman teh maiah leungiteun pangayoman. Atawa teu dibere