Lompat ke isi

Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/49

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

pangayoman — alesanana stabilitas kaamanan sarta nyingkahan paham separatis provinsialisme —, kajeun dibere hak pikeun mertahankeun jeung nembongkeun identitas kabudayaanana. Nyatana wujud identitasna teh ngan saukur dina tahapan minimal. Minimal lamun dikaitkeun kana 7 (tujuh) unsur universal kabudayaanana Koentjaraningrat.4) Nu nyatana, unsur religi mustahil boga identitas mandiri, unsur pulitik jeung ekonomi mustahil! boga identitas, unsur teknologi jeung elmu pangaweruh — utamana nu mutahir — mustahil boga identitas. Jadi ngan unsur basa jeung kasenian nu masih bisa dibere warna kadaerahan teh. Ku sabab kitu, mustahil jeung pamohalan ngayakeun ”sosial- engineering”, jadi ngan saukur bisa ngayakeun ”language-engineering” saperti nu ku Ajip Rosidi disinggung-singgung.

Teu deui bisa ngaharepkeun ayana kabudayaan Sunda nu mandiri, nu aya atawa nu bisa teh ngan saukur ngahirupkeun kasenian jeung basa Sunda. Identitas maksimal nu hargana minimal di tengah-tengah kancah kabudayaan Indonesia nu ngaharib-harib Barat.

* *

Kabudayaan daerah, kabudayaan Sunda, nyatana ngan identitas maksimal nu wujudna saukur minimalisasi unsur universal kabudayaan, ngawujud ku ciciren papakean, tata cara jeung adat-adat ceremonial has Sunda, sarta basa tur kasenian Sunda, papakean, tata cara jeung adat-adat mah jigana ngan saukur kostim jeung hiasan dina raramean antara somah nu sipatna sawaktu-waktu sarta kesanna artifisial. Jadi teu dominan jeung determinan nembongkeun kasundaan, komo lamun Si Sundana teh teu keur aya dina gempungan, keur aya dina tepung individu jeung individu. Anu potensial nya basa jeung kesenian. Di bagian ieu dicoba leuwih netelakeun kamungkinan identitas atawa ngaidentitasan kasundaan ku unsur basa jeung kasenian. Atawa ngan saukurbasa, sabab kasenian leuwih diwatesanan ku aspek basa atawa ngan ngamasalahkeun kamungkinan kasenian nu dirojong ku kakuatan basa. Konsekuensina, kasenian nu lian dianggap geus mapan, geus teu kudu disampurnakeun deui bari ngan dikembangkeun dina unak-anik variasi dekorasina. Contona, tari nu ngan disampurnakeun detail gerak kuriwelna ramo. Oge teu rek dimasalahkeun kasenian nu ngan saukur ngamangpaatkeun basasabagenungalengkepan bari jeung kakurung ku konteks kajadianana. Contona, sandiwara dina lalakon babad jeung karajaan. Oge wayang. Ku sabab kitu, anu rek dimasalahkeun teh kasenian atawa sajenis kagiatan manusa lianna nu siga kasenian anu ngamungkinkeun fungsi basa minangka alat mastikeun kamungkinan dirina. Utamana lantaran polemik nu siga ngamasalahkeun kabudayaan teh holna kana masalah basa.

Basa, mangrupā jambatan ti hiji generasi ka generasi lianna, malah bisa jadi jambatan sampurna nu ngantengkeun hubungan tatali batin génerasi nu kungsi aya jeung nu aya keneh tur nu bakal aya. Basa, mangrupa alat pikeun ngawetkeun hasil budi daya manusa, oge alat pikeun ngaabadikeun manusa.5) Sacara leuwih husus, basa mangrupa wahana pikeun ngumbar panglamunan kreatip, pamikiran. Oge mangrupa wahana pikeun nandean panglamunan jeung pamikiran manusa

49