Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/50

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

dina wujud (wacana) kasusastraan jeung informasi tehnis atawa pangaweruh budi daya. Dina segi aktipna, basa nyusup kana wujud unsur kabudayaan nu lian. Mangaruhan dina harti ngadepinisikeun, nerangkeun, jeung ngembangkeun kamungkinan dina nalar jeung padu renyom widang pulitik, ekonomi, teknik, elmu pangaweruh, sistim religi, hirup kumbuh, jeung kasenian. Tapi, lantaran unsur-unsur kabudayaan lian kasenian geus didominasi ku hegemoni basa nasional malah jeung basa internasional, nya kamungkinan basa teh sigana ngan dina widang kasenian bari ulah dipopohokeun asylum .kabebasan dina proses nguteuk. Alhasil, basa Sunda geus teu miboga lapangan ambahan kagiatan aktip basa bari jeung masih miboga kabebasan dina proses kreatif pamikiran. Hanjakal kamungkinan ieu kurang dimangpaatkeun jeung poho teu dironjatkeun.

Kudu diusahakeun widang jeung niat ngamaenkeun fungsi aktif basa Sunda, nya hal ieu ahirna nunjuk kana kudu aya jeung hadir jeung nambah tur nambahanana manusa Sunda nu aktip jeung kreatip. Tanggung jawab ngaidentitasan kabudayaan Sunda, make alat basa Sunda, nungtut lahirna manusa Sunda unggul. Manusa. Sunda unggul jigana lain produk kolektip tapi produk individual. Obyektipna ku wangunan rumah tangga, subyektipna ku dirina pribadi dina prosesautodidak atawa kasadaran pribadi make sarana atikan formal. Konsekwensi tina eta tungtutan geus waktuna muka perpustakaan umum, nerbitkeun buku murah, jeung ngadidik resep ngulik jeung maca. Tapi kawijakan ieu teu kudu dipisahkeun atawa misahkeun diri tina kawijakan nasional jeung sirkulasi informasi internasional. Geus lain waktuna eeksklusipan jeung misahkeun diri, kajaba lamun hayang tinggaleun informasi. Enya! Tapi lamun cita-cita ngaidentitasan kasundaan teh tilem dina kancah kosmopolitan kitu, kumaha atuh wujudna?

* *

Basa, jadi aktip ku jalma nu uteukna aktip. Basa, jadi pasip ku jalma nu uteukna pasip. Wujud kapasipan basa bisa oge aya dina tahap dinamis. Wujudna, basa dipake ngarumuskeun kanyataan, fakta, jeung gejala bari jeung teu kritis nganalisis, bari jeung teu ngahubung-hubungkeun dina wengku kausalitis, bari jeung teu nyoba-nyoba mapantes dina proses coba-coba ngarah kapanggih fungsi guna jeung kamungkinan prospektip masa bakalna. Conto wujudna, kreativitas basa dina kirata jeung wawangsalan. Wujud pasip inpormatip jigana aya dina kanyataan basa ngan saukur alat pikeun nerangkeun jeung ngabejerbeaskeun masalah-masalah modern, masalah-masalah nu mutahir, masalah-masalah nu teu aya dina konteks budaya basana tur aya di konteks budaya deungeun. Fungsi pasip inpormatip basa Sunda jigana geus kaliwat. Mangsa inpormatipna kungsi kaalaman sabage zaman kaemasan nu mungkin jadi kamungkinan intelektualisasi ala Barat 6) di zaman kolonial, di mana Walanda narjamahkeun buku-buku Hukum, pangaweruh kasehatan jeung pertanian tina basa asing kana basa Sunda. Tujuanana pikeun ngabudayakeun urang Sunda ku basa Sunda ku institusi Balai Pustaka nu oge boga divisi basa Jawa jeung saterusna. Ayeuna fungsi pasip inpormatip geus dirampas ku basa Indonesia. Alesanana, rereana urang Sunda geus ngarti kana basa Indonesia, sarta teu epektip alias ngahambur-hambur waktu

50