Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/51

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

jeung beaya lamun narjamahkeun in pormasi tina basa Indonesia kana basa Sunda. leu salah sahiji panghalang media basa Sunda, sarta ieu oge nu maehan kamungkinan komunikasi jeung ngabentuk komune basa Sunda. Inpormasi jadi teu epektip/epesien dina jeung ku basa Sunda.

Wujud pasip basa nu lianna ngawujud masalah struktur sosial nu make basa. Kasarna, nunjuk kana hakekat undak-usuk basa, nu netelakeun saha nu ngomong jeung ka saha ngomong. Aya klasifikasi, aya tahapan kasta feodalisme. Di dieu, sinyalemen Ajip Rosidi sarta G. Moedjianto kacida benerna, basa netelakeun yen fungsi pasip struktural basa gunana pikeun nembongkeun kaagungbintaran raja ti punggawa jeung rayat murba. Jeung bisa jadi fungsi pasip struktural teh ditandeskeun pikeun mageuhan gengsi sosial kaum panguasa nu kakawasaan pulitik ekonomina geus dijabel ku Walanda. Status quo pikeun nyamunikeun hegemoni kakawasaan nu geus pindah ka deungeun. Leuwih jauhna, budaya nu beuki lemes, basa nu beuki ruwet teh mangrupa manifestasi leungitna agrisivitas lantaran dialasan manifestasi sejenna, lian ti beuki estetis, nya beuki mistis, nyoba-nyoba ngaidentitaskeun diri jiga jeung deukeut ka anu gaib.7) Hanjakal kamerdikaan ngancurleburkeun fungsi pasip struktural basa. Demokrasi rigancurkeun struktur sosial jeung klasifikasi kasta. Jadi, mun tea mah masih aya nu ngeukeuhan fungsi pasip struktural, eta bisa jadi ciri syndroma feodal. Rasa sieun kaelehkeun jeung kabeubeutkeun lantaran geus biasa hirup dikaulaan jeung nampa upeti. Leuwih jauhna, da teu mustahil aya hubungan antara (mageuhan) fungsi pasip struktur reujeung mental tropik apatis jeung ngedul? Leuwih jauhna, aplikasina, inisiatif jeung pragmatisme dimungkinkeun ku basa Indonesia nu demokratis, ku sabab kitu basa Sunda teu ngarobah kualitas manusa Sunda sarta teu dirobah ku manusa Sunda (nu kualitasna rada ripuh.) Nya teu aneh mun paturegeng marebutkeun paisan kosong. Ngarasa babudaya bari eleh ku basa Sunda Cina sengke nu dagang kolontong, nu posisi sosio ekonomina jadi kuat.

Fungsi pasip basa Sunda geus kaered ku basa Indonesia atawa ku basa asing da basa Indonesia can bener-bener aktip episien epektip dina nalar, inpormasi, ku sabab kitu ngan mungkin ngaepektipkeun basa Sunda dina fungsi aktipna. Ngan fungsi aktip ieu teh diwatesan ku kanyataan saukur dina widang kasenian jeung pamikiran murni nu teu aya patula-patalina jeung aplikasi dina widang unsur kebudayaan lian ti kasenian. Ngan jigana kudu leuwih ditetelakeun naon syarat-syaratna ngarah kamungkinan ngahirupkeun fungsi aktip basa Sunda bisa operasional. Nu pangpentingna nya unsur manusana. Manusa Sunda anu aktip jeung kreatip, anu ngarasa ditangtang kudu ngamasalahkeun jeung neangan jawaban pribadi mandiri keur masalah-masalah nu aya di sabudeureun dirina, wujud dialektika antara kasadaran individu jeung realita, nya ngagalura dina uteuk, dina wahana basa. Ti mimiti ngarumuskeun masalah, tuluy neangan alternatip jalan ka luarna. Ti mimiti neangan alat jeung metoda pikeun nalungtik jeung saterusna. Kabeh lumangsung dina basa, dina basa subyektip diri pribadi si nu keur nguteuk. Ku sabab kitų aya dua konsekuensi. Kahiji, dina basa naon eta

_ 51