Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/52

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

manusa biasa ngarumuskeun masalahna, ku sabab kitu proses nalarna pasti diwengku ku basa nu tiasa diagungkeunana. Kadua, gagasan jeung informasi nu rek dikomunikasikeun teh kapaksa diwujudkeun dina basa nu bisa ngawadahan jeung ngawetkeun hasil pamikiran jeung panalungtikanana jeung anu bisa ngabejerbeaskeun ka anu rek dibere informasi.8) Di titik ieu, jigana urang geus bisa mastikeun syarat kadua pikeun aya lumangsungna kagiatan fungsi aktip basa Sunda, nya eta kabiasaan nalar jeung nalungtik jeung mikir. Masalahna, na anak-anak urang Sunda dididik kitu? Atawa, malah anak-anak urang Indonesia basa Sunda modern oge teu boga kabiasaan kieu, can dibiasakeun hirup dina tradisi kieu. Hanjakal. Tapi boa enya alesanana fasilitas jeung kasempetan.

Syarat katilu, nya ayana basa tehnis pamikiran. Ieu nunjuk kana kanyataan basa Sunda pangpangna basa indonesia can jadi basa pikeun tukeur pikiran rumit, 'njelimet jeung murni reflektif-filosofis ngawang-ngawang. Atawa, tarapna ngan kakara tepi kana pikeun wahana jeung wacana pamikiran teu murni rasional tapi ngan intuitif emosional di widang kasenian, kasusastraan. Di dieu basa Sunda bisa jadi mandeg deui. Ngan saukur basa rasa, basa tukeur pangalaman nu teu bisa dibuktikeun jeung dipadungdengkeun salah benerna, da ngan saukur basa epektip sastra. Basa nu ngarumuskeun bebeneran nu teu bisa diadurenyomkeun lantaran ngan saukur kudu diteuleuman ku rasa, ku empati. Hartina, hiji ngan hadir kitu, teu bisa dikembangkeun deui, sarta ngan bisa diturutan dina mannerisme plagiat nu beuki miskin nuansa emosi. Leuwih cilakana, sastra ngan saukur nepi kana tarap ngadongeng tina proses kreatip refleksi filosofis jeung tarap nyatet (deskriptif) realita. Teu aya proses ngembangkeun kanyataan disusubur ku fantasi jeung sejen-sejen inpormasi, sarta ngawujud pangalaman batin nu unik, orisinil jeung lian ti nu ilahar nepi ka kudu dimanifestasikeun dina basa Sunda nu diolah bebeakan lantaran hayang ngawujudkeun anu jadi obsesi pikir. Cacad atawa bahan pimandegeun basa Sunda di widang fungsi kreatip teh nya eta anggapan basa teh paktor dominan jeung determinan nu nembongkeun kasta struktural nu makena, padahal dina proses kreatif mah basa teh ngan saukur alat pikeun ngarumus, mikir jeung ngawujudkeun hasil pikiran. Enya ku sabab basa ngan ukur alat, nya basa kudu tunduk kana pangabutuh ngedalkeun pamikiran dina konteks rohang waktu nu cocog. Ieu, subyek pamikiran jalma nu rek ngedalkeun pikiran jeung obyek konteks mangsa ayeuna dikedalkeun jeung ayana nu lian nu diajak adu renyom dipopohokeun, nepi ka basa Sunda diabadikeun dina jaman tas kapangaruhan ku feodalisme Mataram: Cilaka! Nya buntu tea diskusi teh, lantaran energi kreatif basa Sunda museur kana neangan sasauran kecap anyar pikeun ngabedakeun kasta struktur sosial.9)

Tapi, bisa jadi basa tehnis pamikiran teh teu bener-bener aya. Nu mungkin mah jigana ngan make basa Sunda dina media husus nepi ka aya idiom umum nu mibanda harti husus. Mun kitu nu dipikabutuh teh nya majalah husus pamikiran murni basa Sunda. Majalah filsafat Sunda, majalah nu nalungtik kakayaan budaya Sunda dina aspek pamikiran jeung kreativitas murni nu ngalantarankeun kasundaan nya nepi ka ayeuna di diri urang Sunda, sarta maluruh siga kumaha rupa

52