Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/53

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

inti kreatip kapribadian Sunda eta ngarah tetep kapertahankeun mangsa ngayakeun reaksi dina campuh informasi tur infiltrasi budaya asing, jeung saterusna. Majalah 10) nu husus nalungtik jiwa kreatip Sunda dina taraf nu paling dasar jeung radikal, nya prosesna ku basa Sunda jeung wujudna dimanifestasikeun dina basa Sunda. Atawa, rubrik husus nu neuleuman hal ieu. Atawa rubrik husus anu mere kasempetan pikeun urang Sunda ngomunikasikeun pamikiran-pamikiran reflektip-filosofis murnina. Leuwih praktisna, polemik jeung tukeur pikiran bebeakan dina Basa Sunda pikeun ngalatih jeung ngabiasakeun urang Sunda kana fungsi aktif basa Sunda. Tapi, sakali deui, pikeun kitu dipikabutuh kualitasna manusa Sunda nu unggul. Sakali deui, jaimana nu mikir jeung ngedalkeun pikiranana jeung pamikiranana tina proses jeung karya basa Sunda, leuwih ka dituna nu biasa dina tradisi pamikiran has Sunda sarta lain basana.

Basa Sunda jadina ngan hirup dina majalah Sunda. Teu nanaon asal manusa Sundana tetep jembar jeung motekar. Sarta dina tatagaul hirup kumbuh kosmopolitan identitas kasundaan nembongan dina tradisi nalarna. Masalahna, kumaha jeung ti mana ngamimitianana? Cag.

1) Paul Bohannan, Kebudayaan Bertingkat Dua, Titian, Nomor 9, k 79 kolom 1. Oge bandingkeun jeung rasa mencilna subetnis Indo nu aya di kabudayaan Walanda. Atawa ambigu anu disinyalir ku Subagio Sastrowardoyo."... Di dalam upaya hendak modern, artinya berjalan setingkat dan setapak dengan zaman yang sedang berkembang. kita senantiasa harus berbudaya Indo, tanpa mempunyai darah Indo sendiri, seperti waktu kita dirikan kebudayaan Indonesia-Hindu (Subagio Sastrowardoyo, Orientasi Budaya Chairil Anwar, dina Sosok Pribadi dalam Sajak, Jakarta, Pustaka Jaya. 1980, k. 53).

2) Di dieu ngan disebut kabudayaan lantaran basa ngan saukur unsur kabudayaan, jalanna tingali catetan 4.

3) Atikan leuwih dihartikeun sosialisasi generasi ngora ku unsur-unsur kabudayaan milik nu ngapimilikkajeun ngandung harti manusana dipimilik kabudayaan oge - kabudayaan eta. Baheula nunjuk ka Sunda ku kabudayaan Sunda, ayeuna urang Sunda ku kabudayaan teu resmi, kabiasaan. Sunda jeung kabudayaan resmi Indonesia modern.

4) Koentjaraningrat, Kebudayaan. Mentalitet dan Pembangunan, Jakarta. Gramedia 1974, k. 12. Lengkepna: 1. Sistim religi dan upacara keagamaan, 2. Sistim dan organisasi kemasyarakatan. 3. Sistim pengetahuan, 4. Bahasa, 5. Kesenian, 6. Sistim mata pencaharian, dan 7. Sistim teknologi dan peralatan.

5) John C. Concon Jr.. Bahasa dan Kelestarian dina Maruli Panggabean, ed., Bahasa, pengaruh dan Peranannya, Jakarta, Gramedia untuk Yayasan Obor Indonesia. 1981, k. 4.

6) Lamun tea mah basa Sunda teu kalindih ku basa Malayu, ku basa Indonesia, bisa jadi basa Sunda ganti tulang jeung ganti daging sampe ka bisa dijadikeun basa pikeun komu- nikasi hal-hal jeung masalah modern jiga basa Malayu atawa basa Indonesia kajeun tarapna tacan tepi kana siga basa Inggris atawa Perancis oge.

7) Legitimasi kakawasaan ku Babad. Contona Babad Tanah Jawi, atawa disertasi Hoesein Djajadiningrat nu naranjangan hakekat opini jeung silsilah dina panulisan Sajarah Jawa (Hoesein Djajadiningrat, Tinjauan Kritis tentang Sejarah Banten: Sumbangan bagi Pengenalan Sipat-sipat Penulisan Sejarah Jawa, Jakarta, Djambatan. 1983). Bandingkeun jeung kanyataan Mangkunagoro IV nulis, Serat Wedhatama, ajaran kabatinan pikeun miboga budi/watek/jiwa nu luhung/hade keur tiap insan.

8) Aya kasajajaran jeung gagasan chifferna Karl Jaspers, nya eta gagasan nu leuwih ruwet/metafisika kudu ditarjamahkeun kana tanda (chiffer) atawa basa nu leuwih saderhana ngarah hal

53