Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/54

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

eta teh bisa dikomunikasikeun jeung nu diajak komunikasina ngarti kajeun nu diterangkeun ku jeung dina chiffer lain bebeneran nu sagemblengna, lain nu sajati.

9) Sigana kikukna basa Sunda di alam modern kiwari aya dina kanyataan bahadapna jeung rumusan atawa definisi tehnis hal-hal nu sipatna teu bisa disinonimkeun sarta dipisahkeun dina kasta struktural fungsi pasip basa. Contona, kamera, mobil, televisi, dasi, jeung saterusna. Ku sabab teu manggihan sinonim kasta struktural nya kapaksa basa atawa tata cara demokrasi dipake. Ahirna status sosial teu mibanda kasta struktural basa. Cilaka oge.

10) Disebutkeunana majalah padahal nu dimaksud teh sagala rupa media massa tulisan, jadi kaabus koran. Di dieu ngahaja teu dipisahkeun kamungkinan majalah/koran serieus hiji bidang pangaweruh atawa majalah/koran biasa nu mibanda jeung nyampur-adukkeun rubrik populer jeung serieus.

54