Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/56

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

jenna deui. Ngarasa yen sikep pribadina baris mangaruhan dunya, sahenteu-henteuna dunya basa Sunda anu dianggapna ambahan milikna pribadi.

3. Ngeunaan ”kalemesan budi”, atuh puguh bae kuring ngaku yen urang Sunda miboga kalemesan budi mah! Ngan bedana jeung Sdrk. HIB Djajawigoena, kuring mah henteu nganggap yen kalemesan budi teh kudu dikedalkeun dina wangunan undak-usuk bae. Rea basa sejen di dunya anu ngagambarkeun kalemesan jeung kaluhungan budi anu makena, bari jeung henteu wawuheun-wawuheun acan kana naon anu disebut undak-usuk basa! Ulah nganggap urang Baduy henteu miboga kalemesan budi atawa budina henteu lemes atawa henteu luhung dumeh ana nyarita maranehanana henteu ngagunakeun undak-usuk basa!

4. Ngeunaan pamendak Sdrk. HIB Djajawigoena anu nganggap henteu merenah palebah sim kuring anu dianggap ku anjeunna ”elmuwan” keuna ku owah gingsir, perelu ditepikeun yen salah sahiji sipat elmu teh nya eta henteu tukuh Ciburuy. Elmu mah salilana keuna ku owah gingsir, henteu mutlak. Lamun aya pamanggih anyar anu leuwih bener anu bisa dibuktikeun nyalahkeun pamanggih samemehna, nya eta sacara ilmiah, make metode anu ilmiah deuih, pamanggih anyar teh baris ngaganti pamanggih heubeul. Aya jamanna para elmuwan nganggap bumi teh datar, tapi sabada dibuktikeun sacara ilmiah yen buleud. sakabeh elmuwan narima eta kanyataan, malah urang awam oge narima kana eta bebeneran sanajan bisa jadi ngan para astronot anu kungsi nangenan inya yen bumi buleud mah.

Para elmuwan anu enyaan mah tara keukeuh peuteukeuh kana pamadegan, komo deui lamun geus kabuktian yen pamadeganana tea kaliru, atawa cek kayakinanana sabada maluruh sacara ilmiah, kaliru mah.

Elmu teh pamanggih manusa, mahluk anu kakeunaan ku owah gingsir, dumasar kana akal. Ari akal tea ku Allah dipaparin ”nyaho” na oge henteu mutlak. Jaman rasionalisme, anu ngagegedekeun rasio, akal, geus kaliwat. Para elmuwan badag kiwari saladareun kana wates-wates relatif anu baris bisa kahontal ku elmu. Komo deui dina masalah elmu sosial atawa humaniora!

5. Ngeunaan ”aksara Sunda”, timbul pananya: Nu mana? Naha hana-caraka-data-sawala tea kitu? Manawi ayeuna mah anjeunna parantos uninga yen eta mah lain aksara Sunda, tapi aksara Jawa anu diinjeum ku urang Sunda kakara dina ahir abad ka-18, atawa awal abad ka-19. Kitu tah cek bukti naskah-naskah anu nepi ka ayeuna geus kapanggih ku para sarjana. Naskah-naskah Sunda beh ditu make aksara Sunda Kuna (nu saenyana mah kudu disebut aksara Sunda). tapi kiwari anu bisaeun maca jeung nulis make aksara Sunda nu kitu mah ngan sawatara ahli sajarah Sunda bae kayaning Atja, Ayat, Saleh almarhum, Edi jeung sawatara urang deui. Jigana moal aya salawe kabehna teh. Boa sabelas oge biheung!

Pertanyaan Sdrk. HIB Djajawigoena henteu tetela: Naon maksudna ”leungitkeun bae deuih?” teh? Lamun maksudna dileungitkeun teh ulah diajarkeun, kapan ayeuna oge geus henteu diajarkeun di sakola-sakola (mun kuring henteu salah). Lamun maksudna dileungitkeun teh, rek ngancurkeun naskah-

56