Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/57

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

naskah jeung buku-buku anu ditulis ku aksara Sunda atawa aksara Jawa, tangtu ulah.

Ngan boh aksara Sunda boh aksara Jawa, cek kuring mah henteu kudu diajarkeun deui ka urang Sunda ayeuna, sabab ngan ngahahambur tanaga, waktu jeung waragad. Nu bisaeun kiwari jumlahna henteu pira, atuh naskah-naskah anu ditulis dina eta aksara oge rea eusina anu henteu miboga mangpaat praktis keur kahirupan urang Sunda kiwari. Jadi nu nyanghareupan naskah-naskah eta mah cukup ku para ahli bae. anu bisa diajar eta aksara sacara khusus lamun manehna geus milih widang kaahlianana.

Aksara Laten anu ayeuna dipake geus leuwih ti saabad ku urang Sunda, tur geus ngahasilkeun tulisan anu jumlahna leuwih rea manan sagala naskah basa Sunda anu ditulis ku aksara lianna. cek kuring mah lamun dirobah sautak-saeutik deui, baris bisa ngagambarkeun basa Sunda sacara leuwih merenah manan aksara Sunda atawa Jawa. Komo lamun aya cita-cita basa Sunda dipake pikeun ngabahas masalah masalah elmu modern. Aksara Sunda jeung Jawa mah hese dipakena pikeun ngagambarkeun istilah paelmuan modern.

6. Sanajan Sdrk. HIB Djajawigoena nyebutkeun ”teu pisan-pisan aya maksud sim kuring nanyakeun ka urang Jepang ngeunaan basa Sunda rek dikumahakeun ku urang Sunda”, tapi anjeunna nyaurkeun yen maksudna nganjurkeun sim kuring nanya ka Moriyama Mikihiro san naon sababna nu matak diajar basa Sunda teh saenyana ”deet pisan, nya eta: geuning urang asing oge ― ti mana ti mendi ― loba anu katarik hatena ku basa Sunda teh”. Eta kasauran ngagambarkeun yen memang dina dasar-dasarna mah Sdrk. HIB Djajawigoena kagungan mentalitas hayang jadi ”tongtoneun deugdeugeun deungeun”, nya eta jadi obyek deungeun-deungeun. Resep tur agul pedah aya urang deungeun anu diajar basa Sunda, da tuluy dianggap bukti yen ku kituna teh dumeh basa Sunda leuwih unggul manan basa sejenna! Paling henteu dianggap basa Sunda teh hebat.

Bilih Sdrk. HIB Djajawigoena henteu acan uninga, urang asing anu dialajar basa Sunda di dunya anu sakieu legana teh henteu seueur, henteu "ti mana ti mendi".

Moriyama san urang Jepang munggaran anu diajar basa Sunda sacara daria, sabada kuring ngajar bari ngajarkeun basa Sunda di Osaka Gaidai. Samemehna aya hiji-dua sarjana urang Jepang anu kungsi diajar atawa ngajar di Unpad anu aya minat kana basa Sunda tapi henteu diajar sacara daria. Ku lantaran eta Moriyama san teh anu munggaran anu tatag nyaritana basa Sunda jeung terangeun kana elmuna deuih (anu tatag nyarita basa Sunda mah ti memeh perang oge tos aya urang Jepang teh, ngan henteu dibarung ku elmuna).

Di Walanda, salian ti FS Eringa (anu ayeuna tos pupus), ngan aya J. Noordiyn, anu widang saleresna mah sanes basa Sunda. Di Australia anu di sakola menengahna keneh geus aya nu ngajarkeun basa Indonesia, ngan aya Wendy Solomon anu ayeuna keur ngeureuyeuh nyusun tesis ngeunaan sastra Sunda. Di Amerika sakaterang sim kuring mah ngan aya saurang (Suzanne Sutro) nu neundeun perhatian husus kana basa atawa sastra Sunda; sanajan aya nu

57