Lompat ke isi

Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/58

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

nalungtik soal kapercayaan (Robert Wessing) atawa soal sosial-politik (KD Jackson, sanajan saenyana nu ditalungtikna teh jalma nu cicing sabudeureun Bandung bari jeung henteu ngahususkeun ka urang Sunda). Di Inggris memang aya HR Robins anu geus lila neundeun, perhatian kana basa Sunda, tur bukuna ayeuna geus aya anu disalin kana basa Indonesia. Di Rusia, di Jerman, Di Prancis, di Italia, di Cina, di Korea, jeung sawatara nagara sejen anu miboga ”Indonesian studies” umumna henteu barogaeun ahli anu neundeun minat kana basa Sunda, jadi teu aya nu dialajar basa Sunda. Teuing naon sababna, tapi perelu kauninga yen kana basa Jawa, basa Bali, basa Minangkabau, malah ka basa-basa laleutik di NTT, Kalimantan, Irian Jaya, rea anu neundeun perhatian, malah aya nu mangnyieunkeun kamusna sagala. (Kamus basa Sunda anu disusun ku FS Eringa, kakara medal sabada nu nyusunna tilar dunya).

Jadi lamun eta oge anu rek dijieun ukuran, nya eta ”deugdeugeun tongtoneun deungeun”, kaayaanana henteu matak pikagumbiraeun. Rea keneh sarjana deungeun anu dialajar basa Nias sigana, manan anu dialajar basa Sunda.

Ari ku kituna mah nya kaharti oge, da ulah pon deungeun-deungeun, dalah batur sabangsa papada urang Indonesia oge anu ti luar Nusa Selatan anu ilahar disebut pulo Jawa tea mah, langka anu terangeun yen di dunya aya urang Sunda. Ku sabab pulona oge dingaranan Pulo Jawa, nya dianggap weh kabeh pangeusina oge urang Jawa wungkul. Ngan anu kungsi nyaba ka tatar Sunda anu terangeun yen aya urang Sunda, anu henteu bisa disahompetkeun jeung urang Jawa. Bubuhan atuh da urang Sunda mah cicing oge di pavilyun! Nya eta pisan antarana sababna nu matak dina Kongres Pamuda Sunda 30 taun ka tukang (1956) kuring sabatur-batur sapuk mroklamasikeun yen Pulo nu disarebut pulo Jawa teh diganti ngaranna jadi Nusa Selatan, Jawa Barat jadi tatar Sunda, ari nu disebut Jawa Tengah ayeuna kudu diganti jadi Jawa Barat. Hanjakal ulah pon nu sejen, anu mroklamasikeunana oge rea anu henteu satia kana eta proklamasi.

7. Ahirna ngeunaan pananya Sdrk. HIB Djajawigoena naon sababna timbul basa lemes anyar kayaning saalit, babantos, teu sangki jsb, anu ku anjeunna keneh diwaler yen ”Luyu jeung kalemesan budi urang Sunda”, cenah.

Cek kuring mah, ayana kecap-kecap lemes anyar kaya kitu teh lain tanda kalemesan budi urang Sunda lain sing, tapi ku sabab aya ide yen kudu make basa lemes, nya eta ide ayana undak-usuk basa anu dina jero kira-kira saabad disebarkeun ka masarakat Sunda. Kekecapan nu ku Sdrk. HIB Djajawigoena disebut kecap lemes anyar teh, sakapeung apan disebut lemes dusun; da dianggap dijieunna ku urang kampung nu henteu kungsi ngambeu sakola. Jalma-jalma anu henteu kungsi sakola, henteu kungsi diajar undak-usuk kudu nahap-nahapkeun maneh jeung menak nu beradab, ”nyakola”, nya maksakeun nyaritana oge nurutan menak, ngagunakeun basa lemes. Tapi ku lantaran henteu kungsi diajar undak-usuk, nya sabisa-bisa nyiptakeun kecap-kecap anu cek anggapanana basa lemes, nu ku para ahli bisa disebut basa lemes dusun atawa lemes anyar.

Lamun henteu aya ide ngeunaan undak-usuk basa atawa kudu nyarita make

58