Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/59

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

basa lemes, tangtu moal aya nu ngaluarkeun kekecapan model kitu. Buktina mah babari: timbulna basa lemes anyar kaya kitu teh apan di urang Sunda anu hirup di masarakat anu ngagem paham kudu ngagunakeun undak-usuk basa, anu kudu make basa lemes. Da di masarakat Baduy mah anu memang henteu wawuheun kana ide undak-usuk basa atawa ayana basa lemes, teu kungsi kaluar basa lemes anyar model kitu teh.

Naha ku kituna, Sdrk. HIB Djajawigoena rek nyebutkeun yen urang Baduy mah henteu miboga ”kalemesan budi”? * * *

13-8-1986

59