Lompat ke isi

Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/64

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

NGAMEKARKEUN BASA SUNDA

Jawaban Ajip Rosidi

Bubuka Sabada ngabandungan ”polemik” anu dimuat dina MANGLE, nu diajukeun ku Saini KM. (no. 1052, 17-23 Juli 1986), Djadja Sargani (1053, 24-20 Juli 1986), F. Djayasudarma Idat A. (1055, 7-13 Agustus 1986), Beni Setia (1056, 14-20 Agustus 1986) jeung Popo Iskandar (1060, 11-17 September 1986), kuring ngarasa perelu nerangkeun heula istilah "undak usuk basa”, sabab katenjona henteu sakabeh anu mere reaksi kana makalah kuring tea miboga konsep nu sarua ngeunaan eta istilah. Upamana Popo Iskandar, dina tulisanana ngahartian ”undak usuk basa” teh sarua jeung "basa hormat tilawat” anu cenah aya dina saban basa oge.

Tapi anu leuwih ti heula kudu disebutkeun mah meureun kesan umum sabada maca eta tulisan-tulisan anu mere reaksi kana makalah kuring tea. Aya anu geus balaka ti anggalna yen ngan rek mere reaksi kana sabagian tina makalah kuring, cara Saini jeung F. Djajasudarma Idat A., anu pangpangna nyoko kana soal undak-usuk basa. Popo Iskandar mah siga anu henteu maca-maca acan makalah kuringna oge, paling henteu: henteu taliti macana, nganggap yen makalah kuring teh ngeunaan undak-usuk basa, padahal tetela undak-usuk basa mah ngan sabagian tina masalah anu dibahas dina eta makalah.

Katingalna anu mere reaksi kana soal undak-usuk basa rereana dumasar ka dirina pribadi bae, kana pangalaman dirina, paling-paling kana pangalaman lingkunganana. Padahal kabehanana oge nu mere reaksi teh bisa digolongkeun ka kaum ”elite" di masarakat Sunda kiwari, rata-rata tamatan universitas, malah rereana mah ngawulang di universitas, tur maratuh di kota gede (Bandung). Atuh anggapan jeung pamadeganana ngeunaan basa Sunda, ngeunaan undak-usuk basa ge dumasar kana visi lingkungan kaom ”elite” Sunda, anu geus ti jaman urang masih keneh dijajah Walanda dijejelan paham jeung anggapan-anggapan anu rek ngukuhan undak-usuk basa, anu nganggap yen undak-usuk basa teh

64