Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/63

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ka guru ka saluhureun teh mangrupa etika jeung moralita anu hese malah moal beunang dileungitkeun. Kedalna nya dina undak-usuk basa.

Feodalisme teh lahir tina rasa kaningratan, tapi jero-jeroanana timbul tina rasa leuwih jeung rasa kumawasa mutlak. Nu matak dina alam merdika oge rasa feodalisme teh henteu suwung. Tapi, babakuna angkatan muda geus leuwih jauh ninggalkeun feodalisme. Moal boa ieu teh hasil pendidikan. Memang feodalisme sanggeus 40 taun merdika masih keneh bercokol, tapi cek pangrasa, leuwih gampang ngaleungitkeun rasa feodalisme, tinimbang jeung ngaleungitkeun identitas basa anu terus-terusan sambung sinambung marengan hirup Ki Sunda nepi ka kiwari.

Di Taman Ismail Marzuki kuring pasanggrok jeung sobat medok. Keur hog-hag euy-silaing-dewek jeung baturna. Ari ret ka kuring, pokna: "Eh, Kang Popo, iraha sumping?” Solongkrong baturna munjungan: ”Kang Po, kumaha damang?” Hiji budak lalaki dicelukan ku indungna: ”Ujang!” "Kulan”, tembalna. ”Nyai”, "Kaah”.

Kuring sok sok mindeng nengetan "rayat jelata” boh dina beus, dina beca, di pasar, di padesan. geuning boh basa lemes, boh undak-usuk loba pisan dipakena. Asana teu mantra-mantra kana feodalisme. Kuring mah kacida manglebarkeunana lamun ieu identitas Ki Sunda nepi ka leungit teh. Tapi kuring percaya moal nepi ka kitu, sabab Ki Sunda wanohna kana basa lemes jeung undak-usuk teh lain tina Panyungsi Basa. ***

Popo Iskandar, pelukis, anggota Akademi Jakarta.

63