Lompat ke isi

Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/62

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

kumaha kuatna kalungguhan kaum feodal, nepi ka Asisten Residen anu langsung ngawakilan pamarentah kolonial Walanda. teu asa-asa deui dijatuhkeun. Ari tijalikeuhna ku lantaran cileureun kurang malire munculna kaum pamuda ti golongan menengah. Ana geus katalanjuran kakuatan kaum pemuda teu bisa dibendung, nya kapaksa Walanda angkat kaki.

Demokratisasi kajiwaan Ki Sunda saenyana geus mimili lilir ti sabarang meletekna srangenge kasadaran kaum pemuda kana cita-cita kamerdikaan. Nya, lahir Sumpah Pemuda minangka padika geusan ngalawan pulitik memecah belah ku jalan ngagedurkeun feodalisme. Atuh sepak terjang kaum muda dina ngalawan penjajah teh oge anti feodalisme anu mangrupa tangan-tanganna.

Mana komo sanggeus pamarentahan pendudukan Jepang mere kasempetan ka Bung Karno geusan ngobarkeun sumanget kamerdikaan jeung cinta lemah cai mah. Atuh proklamasi Kamerdikaan sasatna ngan ukur neangan momentum anu mustari pikeun ngalahirkeun anu geus ngagedur dina sakur dada putra-putri Indonesia.

Lahirna kamerdikaan, sacara konstitusi mah oge lahirna demokrasi. Ku kituna, cek pangrasa mah, pokal ngademokratiskeun Basa Sunda anu disodorkeun ku MA Salmun dina taun 50-an, saenyana mah ukur aweuhan tina proses demokratisasi anu keur lumangsung. Memang enya, Ki Sunda dina milu tandang dina alam kamerdikaan, mibutuh komunikasi basa anu leuwih laluasa teu kabeungkeut teuing ku ugeran-ugeran basa anu hese ngalarapkeunana. Tapi da puguh basa mah rea rambat kamalena, harita oge Salmun pada nyesedek ku para ahli Basa Sunda sejenna, tungtungna eleh deet. cenah, ”Da kuring mah lain rek ngaleungitkeun basa lemes.”

Ayeuna jol deui prasaran ti Ajip Rosidi ngeunaan undak-usuk Basa Sunda supaya dileungitkeun, cek pangrasa, tafsiran Ajip kana undak-usuk basa Sunda, nyabeulah teuing kana sumber "ungguh-ungguhing basa", nepi ka karasana karikatural. Tangtu bae hasil budaya-karaton anu disebut feodalisme tea ngamangpaatkeun hubungan ngoko-kromo pikeun mere kontras antara raja jeung abdina, antara menak jeung cacah. Tapi basa ngoko jeung kromo geus aya ti beh dituna, minangka manifestasi tina pangaruh Hindu-Jawa anu pinuh ku panta-panta. Ku lantaran kitu, boh ngoko-kromo-ungguh ungguhing basa, boh basa kasar-lemes katut undak-usuk basa, tetela lain produk feodalisme wungkul. Dina jero-jerona aya sangkut pautna jeung etika estetika katut moralita.

Sawatara waktu ka tukang, Ki Hidayat kungsi nanyakeun, kumaha pamadegan kuring ngeunaan undak-usuk basa Sunda dina raraga demokratisasi Basa Sunda. Cek kuring, di unggal basa oge aya undak-usuk, ngan beda sipatna, beda carana. Saperti di Barat undak-usuk salaku manifestasi hormat-tilawat dipakena ka nu anyar pinanggih atawa ka anu teu pati loma, da ari ka nu akrab mah tara dipake, malah ka aki oge bisa bae nyebut ”maneh,” Urut guru kuring nganjurkeun supaya kuring nyebut nenehna bae, nu hartina bisa nyebut ”maneh.”

Keur urang Sunda teu tega temen nyebut ”maneh” ka urut guru, sabab di urang mah, sakali guru, tetep guru. Atuh keur Ki Sunda hormat-tilawat ka indung bapa,

62