Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/66

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

usuk: teu nyaho di tatakrama; undak-usuk basa Sunda aya lima panta: basa kasar pisan, basa kasar, basa panengah, basa lemes, jeung basa lemes pisan (basa luhur).”

Sedengkeun ”panta” cek eta dua kamus, nya eta ”tahap”, ”undak-undak”. Meureun bisa disaruakeun jeung “tingkat” dina basa Indonesia.

Jadi tetela undak-usuk basa teh dipake pikeun nyebut ayana panta-panta, tahap-tahap, tingkat-tingkat dina basa Sunda. Kumaha, keur saha jeung iraha dipakena tingkat-tingkat basa teh? Hanjakal eta dua kamus henteu mere katrangan ngeunaan eta. Ngan urang sarerea pada terang, yen panta-panta basa teh dipakena kudu luyu jeung katungguhan: nu rnakena masing-masing di jero pakumbuhan. Jadi sacara henteu langsung ayana basa Sunda anu dipanta-panta ngagambarkeun ayana pakumbuhan Sunda anu jalma-jalmana oge dipanta-panta deuih.

Ieu luyu jeung kaayaan masrakat Sunda waktu mimiti ngagunakeun undak- usuk basa dina basa Sunda.

Iraha mimitina urang Sunda ngagunakeun undak-usuk basa? Hanjakal deui bae, cara anu kungsi disebutkeun ku kuring dina makalah kuring tea, yen nepi ka kiwari tacan aya panalungtikan ngeunaan igu dina naskah-naskah Sunda. Lamun geus aya anu nalungtik naskah-naskah tea, ti mimiti Siksa Kanda ng Karesian anu buhun, jeung naskah-naskah lianna dina aksara Sunda nepi ka naskah-naskah beh dieu anu ditulis dina aksara Jawa, Arab jeung Laten, meureun baris katingal ti iraha mimitina undak-usuk basa dipakena ku urang Sunda dina basa Sunda.

Dina makalah tea kuring nyebutkeun yen aya kesan undak-usuk basa Sunda teh kakara digunakeun dina awal abad ka-19, paling-paling ahir abad ka-18. Tapi beh dieu kuring maca surat-surat Raden Haji Muhammad Musa (1822-1886) ka Raden Ayu Rajapamerat, geureuha Kangjeng Pangeran Suria Kusumadinata, bupati Sumedang, dina buku Serat-sinerat Jaman Jumenengna Raden Haji Muhammad Musa anu disusun ku Raden Danoeredja (1929). Dina surat anu ditulis dina tanggal 17 April 1884, Muhammad Musa ngabasakeun anjeun ”kuring”, sanajan nyebut gamparan” ka Raden Ayu Rajapamerat; tur rea kecap anu cek ukuran undak-usuk basa anu diajarkeun ku Panyungsi Basa mah henteu merenah, cara "gamparan anu ti heula”, "enggeus ageung”, "enggeus nampi”, jeung sabangsana. Salian ti eta, dina buku MA Salmoen Kandaga Kasusastran Sunda (cit. II, 1963) aya katerangan anu nyebutkeun yen basa Sunda anu digunakeun ku para pangarang antara 1855-1908 masih "rea keneh anu ka- baheulaan. Tampolana basa lemes (nu pikeun urang Sunda mah basa anyar), sok pacaruk jeung basa kasar” (k. 139).

Tetela sinyalemen Salmoen teh luyu jeung basa anu dipake ku para panSarang lianna dina akhir abad ka-19 oge.

Lamun enya kitu, naon hartina?

Hartina, basa lemes, anu diterapkeun jeung undak-usuk basa tea, memang mangrupa “basa anyar” (cek istilah Salmoen) keur urang Sunda harita, nya eta

66