Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/67

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ahir abad ka-19. Jadi meureun ana kitu mah, kakara harita atawa paling awal kakara dina awal abad ka-19 saenyana mah terapna atawa diajarkeunana undak-usuk basa dina basa Sunda teh.

Lamun bener yen undak-usuk basa kakara diterapkeun dina basa Sunda awal abad ka-19, atuh anggapan yen undak-usuk basa asupna kana basa Sunda teh dina mangsa tatar Sunda diparentah ku Mataram henteu merenah. Atawa dina mangsa harita mah nu ngagunakeun undak-usuk basa teh (hartina: pangaruh basa Jawa teh) ngan ukur kulawedet padaleman bae, tacan nyebar ka masarakat? Tangtu pikeun mastikeunana kudu diayakeun panalungtikan anu leuwih taliti.

Tapi anu sidik kesan kuring yen saenyana mah undak-usuk basa teh dina basa Sunda kakara disebarkeun sabada aya sakola, nya eta dina bagian kadua abad ka-19, jadi asa beuki ngayakinkeun.

Dina taun 1879 di Bandung diadegkeun Hoofdenschool, nya eta sakola pikeun calon pangrehpraja anu muridna dipilih ti antara para putra gegeden (menak). Eta sakola teh engkena jadi OSVIA, anu ku urang Sunda dina basa sapopoe disebut Sakola Menak, da kaluaran ti dinya mah engkena jaradi menak. Sigana nya di dinya para calon menak teh dialajarna basa Sunda, atawa leuwih merenah dialajarna undak-usuk basa. Di eta sakola para murid nyararita make basa Sunda luyu jeung undak-usuk anu diajarkeun tea, tur kudu make tatakrama, anu harita mah hartina lamun nyarita jeung guru, komo deui guru urang Walanda (direktur eta sakola salilana urang Walanda bae), kudu acong-acongan nyembah. Kakara dina awal abad ka-20, waktu JCJ. van Bemmel jadi direktur eta sakola, kawajiban ngagunakeun basa Sunda katut tatakrama "sembah gengsor” dileungitkeun diganti ku nyarita dina basa Walanda bari make tatakrama Barat (hartina henteu kudu “sembah gengsor”).

Tapi harita (awal abad ka-20), undak-usuk basa geus ngalemah dina basa Sunda, tur anu nyebarkeunana lain bae Sakola Menak, tapi Sakola Raja (HIK) jeung Sakola Normal (Sakola Guru) deuih.

Ningal yen guru-guru basa Sunda anu nyarusun pangajaran basa Sunda teh salilana ”diaping” ku urang Walanda ahli ”Indologie” upamana DK. Ardiwinata "diaping” ku de Bie, ari R. Soeria di Radja ”diaping” ku J. Kats, kuring boga timburu yen disusun jeung diajarkeunana undak-usuk dina basa Sunda teh lain bae meunang ”restu” ti nu ngaraping, tapi oge meunang pangjurung deuih. Ari pangjurung ti nu ngaping, ulah pon harita di jaman kolonial, dalah ayeuna oge diria alam kamerdikaan apan sok dianggap ”parentah”, sanajan ”lemes”. Ari J. Kats upamana, apan leuwih ti heula jadi ahli basa Jawa manan ahli basa Sunda teh, jadi merenah lamun kacida nyaluyuanana, malah kacida ”ngajurungna” sangkan pangajaran basa Sunda oge ngagegedekeun undak-usuk basa. Lain bae sangkan nurutan basa Jawa, tapi pangpangna mah ku lantaran dina aturan undak-usuk jeung tatakrama harita, urang Walanda diperenahkeunana teh saluhureun dalem, papada kudu make basa lemes pisan atawa basa luhur (cek Raden Saijadibrata mah),jeung kudu disembah bari gengsor.

Dina jaman harita, jaman urang dijajah Walanda, memang dina pakumbuhan urang Sunda (cara dina pakumbuhan sakumna urang Indonesia) aya panta-panta

67