ahli basa Sunda nu umumna wedalan Sakola Raja jeung Sakola Normal mangsa kolonial, henteu wani ari entang-entangan ngabela sistem feoda!-kolonial mah dina pangajaran basa Sunda teh, tapi ku lantaran ti leuleutik geus dibiasakeun ngagunakeun undak-usuk basa, ngarasa kurang merenah lamun undak-usuk basa dipiceun, ngarasa lebar lamun basa lemes disingkirkeun(da pangrasana miceun undak-usuk basa teh hartina miceun "kalemesan budi”), nu matak tuluy mageuhan ayana undak-usuk dina basa Sunda kalayan alesan undak-usuk teh tanda silih hormat jeung silih ajenan. Upamana R. Momon Wirakusumah jeung |. Buldan Djajawiguna dina buku Kandaga Tatabasa (citakan {I, 1962) nyebutkeun:
"Aya nu boga sangkaan, yen kiwari dina jaman demokrasi, ku sabab jelema sarua hakna, basa ge kudu sarua bae nu dipake ku unggal jelema teh, nya. eta basa kasar.
Tapi ari rereana mah pamadeganana teh lain kitu:
Tetela hakna unggal jelema di nagara demokrasi kudu Sarua, tapi ku sabab sarua hakna tea, kudu silih ajenan, silih hormat deuih. Ari dina basa Sunda, pikeun ngajenan sarta ngahormat batur teh nya eta basa lemes.” (k. 9).
Dina pedaran satuluyna, angger bae mageuhan aturan undak-usuk basa anu geus diajarkeun di sakola-sakola dina jaman samemeh perang. Sanajan geus henteu dibagi jadi lima (cara anu disebut ku R. Satjadibrata dina Kamus Sun- -da), tapi basa Sunda ku R. Momon Wirakustumah jeung I. Buldan Djajawiguna dibagi jadi opat: 1. Basa Kasar anu diusulkeun sangkan diganti ngaranna jadi basa wajar atawa basa foma;
2. Basa Panengah: "dipakena ka batur nu sahandapeun, pikeun nyaritakeun sasama anu henteu loma atawa sahandapeun”, dina conto: nyarita ka panyawah;
3. Basa Sedeng nya eta basa lemes pikeun nu ngahormat;
A. Basa Lemes anu cenah dipakena ka saluhureun jeung ka nu tacan wawuh, atawa nyaritakeun saluhureun.
Ku sabrehan oge katingal, yen tahap-tahap basa Sunda dina buku pangajaran anu disusun 17 taun sabada Indonesia merdeka teh, masih mageuhan undak- usuk basa samemeh perang. Ngan basa lemes pisan anu biasana digunakeun keur dalem anu leungit teh, da dalemna oge ayeuna mah jadi bupati, anu dipilih sacara demokratis (formalna mah).
Kitu deui anggapan yen ngahormat batur teh ngan ku basa lemes cara anu ditulis ku R. Momon Wirakusumah jeung I. Buldan Djajawiguna dina eta buku, ngan nembongkeun yen duanana katalikung ku kabiasaan anu geus nyampak tumuwuh dina sistem undak-usuk basa. Ku lantaran geus biasa ngahormat make basa Jemes, luyu jeung undak-usuk basa anu didpalkeun ti barang keur murangkalih keneh, aranjeunna lali yen bisa bae ngahormat bari jeung henteu
70