Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/69

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

luyu jeung kabijaksanaan politik pamarentah kolonial harita, via sakola-sakola, jeung via kahirupan kaom menak. Anggapan yen undak-usuk basa teh mangrupa titinggal kabudayaan Hindu anu masarakatna dibagi kana kasta-kasta cara anu kungsi diajukeun ku S. Coolsma (Soendaneesche Spraakkunst, 1904), Dayat Hardjakusumah ("Fungsi Sosial Basa Sunda”, 1955) jeung anggapan Popo Iskandar yen basa ngoko jeung kromo "geus aya ti beh dituna, minangka manifestasi tina pangaruh Hindu-Jawa anu pinuh ku panta-panta”, henteu dibuktikeun ku data sajarah. Cara anu kungsi dipedar dina makalah tea, unggah-ungguhing basa dina basa Jawa kakara muncul sabada jaman Mataram diparentah ku Sultan Agung anu hayang nembongkeun kaagung binantaraanana (hartina sabada ngaragem agama Islam), jeung dina basa Sunda kakara muncul dina abad ka-19, jadi waktu urang Sunda oge umumna geus ngagem agama Islam anu henteu ngabeda-bedakeun harkat manusa dina kahirupan sosial. Jeungna deui, sanajan masarakatna dibagi kana kasta-kasta, basa Sangsakerta jeung basa India lianna mah henteu miboga undak-usuk basa cara basa Jawa jeung Sunda.

Ngan sidik, yen undak-usuk basa teh diayakeun pikeun merenahkeun masarakat nu make eta basa dina alam feodal anu dibagi kana tingkat-tingkat, anu ngagambarkeun yen manusa teh henteu satata- saharkat, nepi ka basa anu dipakena oge beda-beda.

Basa Sunda anu make undak-usuk basa teh nya eta basa anu tuluyna dina Kongres Basa Sunda 1924 dijadikeun basa lulugu, hartina basa anu dianggap ”"beschaafd”, "berbudaya”, ”nyakola”. Hartina nu ngagunakeun basa Sunda anu eta, nya jalma anu "nyakola” anu "beschaafd”, anu ”berbudaya”; lain jalma ”dusun”, "kampungan”, "teu nyakola”.

Basa Sunda anu henteu kitu, dianggap basa wewengkon, basa dialek, atawa basa Sunda dusun.

Palebah dieu henteu merenah Saini KM. ngabandingkeun kaayaan basa Sunda katut basa Indonesia jeung tumuwuhna basa-basa nasional di Eropah. Saini nganggap basa nasional teh basa Indonesia, ari basa Sunda dianggap “basa dialek”; padahal basa Sunda mah lain basa Indonesia, da lain basa Malayu, sanajan masih kagebengkeun kana dapuran basa Austronesia. Nu leuwih merenah, lamun Saini ngabandingkeun basa Sunda anu ”beschaafd”, "basa lulugu” tea jeung basa-basa nasional di Eropah, ari basa-basa dialek kana basa wewengkon nu aya dina basa Sunda. Tapi palebah dieu baris katingal henteu merenahna, da justru dina basa Sunda lulugu ayana tingkat-tingkat basa, padahal cenah mah dina basa lulugu kudu leuwih "lugas, logis, teu-pribadi, teu imeut kana situasi atawa status nu nyarita jeung nu diajak nyarita, boh sosial boh filial”. Ku anjeunna oge diaku yen basa Sunda mah "nonjol sifat filial-komunalna”.


Modifikasi undak-usuk basa

Sabada timbul gerakan nasional anu gede pisan kapangaruhanana ku paham demokrasi Barat, komo sabada Indonesia jadi nagara merdika anu dumasar kana demokrasi tur aya rengkolna dina Undang-undang Dasar, para guru jeung para

69