Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/72

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

landasan untuk membaca;

10.5 Murid memiliki pengetahuan dasar tentang undak-usuk bahasa sebagai landasan untuk mengarang.

Jadi memang kiwari oge para murid anu dialajar basa Sunda teh masih keneh diwewelan ku undak usuk, kalawan alesan undak-usuk basa teh perelu pikeun silih hormat, silih ajenan. Padahal cara anu geus dituduhkeun di luhur, saenyana mah masih ngabeda-bedakeun tingkat-tingkat sosial jelema ku ngagunakeun basa anu beda-beda pikeun masing-masing tingkatan.

Sidik nu kitu mah pasalia jeung asas demokratis anu aya rengkolna dina Undang-undang Dasar.

Pangajaran basa Sunda

Nya ku lantaran soal undak-usuk basa masih jadi bagian penting tina pangajaran basa Sunda, tur anggapan nu kacida ngarendahkeunana ka sing sakur anu henteu bener ngalarapkeun undak-usuk (geuning HIB Djajawiguna oge nyaurkeun yen keur anjeunna mah tacan “hatam” urang Sunda nu jadi sarjana naon bae oge ari basa Sundana tacan bener nurutkeun aturan undak usuk mah), nya rea anu hoream atawa ”sieun” nyarita atawa nulis dina basa Sunda, da anggapanana basa Sunda teh "hese.” Nu matak mending dina basa Indonesia bae, da make basa Indonesia mah sanajan ramijud oge henteu dianggap hina, euweuh anu nyalahkeun. Dina ayana nu nyalahkeun (para ahli basa), keun bae da reaan ieuh anu salahna oge, dalah para gegeden eselon pang luhurna oge basa Indonesiana rea anu ramijud!

Ngabandingkeun basa Sunda anu kudu diulik kalayan temen wekel, ulah kumeok memeh dipacok, kana basa Inggris anu oge hese, cara anu dilakukeun ku F. Djajasudarma Idat A., henteu merenah ku hiji ku dua.

Kahiji, henteu aya motivasi pikeun diajar basa Sunda anu sarua kuatna jeung pikeun diajar basa Inggris. Upamana dosen-dosen jurusan basa Sunda Fakultas Sastra Universitas Padjadjaran enya-enya dialajarna basa Inggris da hayang asup kana program doktor anu merelukeun pisan basa Inggris; ari diajarna basa Sunda mah cukup minangka obyek ulikan bae. Yen masarakat Sunda kiwari leuwih mentingkeun basa Inggris, lain bae ku lantaran basa Inggris mah jadi pangajaran penting di sakola-sakola ti Sekolah Menengah ka luhur, tapi oge ku dug-degna keurseus-keurseus basa Inggris. Ari sababna ku lantaran aya anggapan yen lamun bisa cas-cis-cus basa Inggris, baris leuwih, babari meunang gawe, baris diajenan leuwih luhur ku nu lian, baris leuwih luhur gajihna manan anu henteu bisaeun basa Inggris, jeung sajabana. Sabalikna, keurseus basa Sunda mah dina ayana oge, paling-paling hiji-dua, tur eta teh biasana mah pikeun urang Sunda anu sanggeus tinemu bagja dina kahirupan masarakat, ngadadak eling ka wiwitan; jadi ngan ukur "mulangkeun panineungan.”

Kadua, basa Inggris mah basa deungeun. Urang henteu boga hak pikeun ngarobah atawa ngatur basa Inggris. Urang ngan bisa "take it or leave it”. Lamun ngarasa butuh, nya kapaksa digayem sakumaha ayana, kaasup sagala aturan ngeunaan tenses. Tapi ari basa Sunda mah pan anu urang. Urang, komo deui

72