para ahli basa, miboga lolongkrang pikeun milu nangtukeun poe hareup basa Sunda. Cara anu kungsi dipedar dina makalah kuring tea, DK. Ardiwinata. R. Soeria di Radja masing-masing dina jamanna geus ngagunakeun eta lolongkrang nepi ka tapakna masih ngendat nepi ka kiwari, masih pageuh dicekelan ku para ahli basa Sunda jaman kiwari, antarana nu mangrupa undak-usuk basa.
Tur ku barobahna dasar-dasar pakumbuhan Sunda kiwari anu jadi bagian ti hiji Indonesia merdika anu demokratis, aya kabutuh pikeun ngaluyukeun basa Sunda lulugu anu diajarkeun di sakola-sakola, anu tina sajarahna oge geus tetela disusun, "dijieun" dina mangsa pakumbuhan Sunda feodal tur kolonial. Pikeun jalma-jalma anu geus katalimbeng ku pangajaran basa Sunda cara anu geus lumangsung dina jero kira-kira saratus taun, memang genah bae nu aya. Tapi pikeun rereana urang Sunda sigana (kuring ngagunakeun'kecap ”sigana” sabab ngan dumasar kana kesan, lain hasil panalungtikan anu taliti) basa Sunda lulugu anu diajarkeun' di sakola-sakola teh memang hese, nepi ka ngarasa henteu wani nyarita dina basa Sunda. Urang ulah sugema ku.nenjo angka-angka statistik dumeh jumlah urang Sunda kiwari leuwih rea manan taun 1930 atawa samemehna, bari nganggap yen kabehanana masih keneh ngagunakeun basa Sunda. Lamun kitu, sarua bae jeung sugema ku jumlah, kuantitas, bari jeung henteu merhatikeun kualitas. Sabab, bisa jadi eta urang Sunda anu 22 juta teh ayeuna oge masih keneh nyararita dina basa Sunda, tapi kumaha saenyana kamampuhna dina ngagunakeun basa Sunda, komo anu make undak-usuk mah? Apan paranakan Cina oge di urang rea anu ngagunakeun basa Sunda dina kahirupanana sapopoe, tapi lain basa Sunda anu diajarkeun di sakola-sakola make buku anu disusun ku Drs. Idat A.
Palebah dieu, karasa henteu merenahna sanggahan ti Saini KM anu nyebutkeun yen lamun urang Sunda rek ngarobah basa Sunda (nya eta ngarobah soal undak-usuk basa) meureun urang Jerman oge bakal usul ngaleungitkeun kasus-kasus, urang Inggris baris usul sangkan tenses jeung conditional dileungitkeun, urang Perancis baris ngaleungitkeun feminin-masculin dina kecap barang jeung kecap gawe.
Fungsi undak-usuk dina basa Sunda, beda jeung fungsi tenses katut conditional dina basa Inggris, kasus dina basa Jerman, ayana feminin-masculin dina basa Perancis (jeung basa Jerman deuih). Cara anu geus dipedar dina makalah kuring tea, ayana undak-usuk dina basa Sunda teh kakara beh dieu, sabada pakumbuhan Sunda nyosok jero ku jiwa feodal, nurutkeun urang Mataram bari dihucuhkeun ku Walanda anu kolonial. Jadi asupna undak-usuk basa Sunda aya patalina jeung parobahan ajen-inajen pakumbuhan, anu tadina demokratis jadi feodalistis. Ari tenses katut conditional, dina basa Inggris, kasus dina basa Jerman, feminin-masculin dina basa Perancis mah tumuwuh ti barang lahirna eta basa, jadi sipatna henteu kapangaruhan ku ayana parobahan sosial di jero pakumbuhan anu ngagunakeun eta basa.
Masalahna ayeuna, sabada urang Sunda sabilulungan ngahiji di lingkungan bangsa Indonesia anu merdika tur nganut paham demokratis, naha basa Sunda