Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/74

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

anu mentingkeun undak-usuk teh baris terus digugulung, sanajan ayeuna mah geus dibebenah sangkan genah ku disebutkeun yen undak-usuk teh lain manifestasi kafeodalan, tapi ngan pikeun silih hormat jeung silih ajenan bae.

Salian ti eta barudak Inggris di Inggris jeung Amerika atawa di nagara sejen anu ngagunakeun basa Inggris, urang Jerman di Jerman, urang Perancis di Perancis atawa nagara sejen anu ngagunakeun basa Perancis, teu bisa lian ti kudu ngagunakeun eta basa sakumaha hesena oge. Beda jeung barudak Sunda di tatar Sunda. Maranehna salian ti bisa ngagunakeun basa Sunda, oge bisaeun make basa Indonesia, malah ka beh dieunakeun mah, komo deui urang kota, leuwih genah nyarita ku basa Indonesia manan ku basa Sunda. Jadi lamun maranehanana ngarasa hese ngagunakeun basa Sunda, nya nyarita dina basa Indonesia, tur sacara sosial, bisa basa Indonesia leuwih luhur ajenna manan bisa basa Sunda.

Lamun ngagunakeun basa Indonesia, barudak Sunda teh baris ngarasaeun leuwih basajan da henteu make panta-panta, henteu make undak-usuk, leuwih demokratis. Sabalikna lamun ngagunakeun basa Sunda maranehanana kudu salilana ngingetkeun undak-usuk cara anu kungsi diajarkeun di sakola. dina buku-buku pangajaran basa, pangpangna lamun kudu nyarita jeung anu saluhureun atawa anu henteu wanoh. Da ari nyarita jeung pada baturna mah, anu sapantar boh di pangulinan boh di sakola, tara ngagunakeun undak-usuk basa. Pikeun Justrasi itung-itung ngabandingan ilustrasi Saini KM anu cenah salilana ngagunakeun basa lemes bae sanajan ka nu sahandapeunana (boh kalungguhan sosial boh umurna). kuring inget ka barudak urang Bandung anu umurna antara 20-25 taun anu keur ngalumbara di Jepang. Ana kabeneran nganjang ka kuring, jeung pada baturna rageg nyararita ku basa Sunda, anu cek istilah undak-usuk mah kasar atawa cohag pisan, make kecap "aing", "maneh" sacara laluasa. teu aya bedana ti jenatna Jo Han Beng ana cacarita jeung Eli. pamajikanana dina basa Sunda. Tangtu maranehanana teh (barudak nu ti Bandung tea) basa di sakalana kungsi dialajar basa Sunda, da cenah salilana sakola di Bandung nepi ka tamat SMA. tangtu basa Sunda nu make undak-usuk tea tur kolot-kolotna urang Sunda. Tapi bet taya pisan tapakna. Ana kabeneran rek indit nya permisi ka kuring, pokna: "Pa, abdi angkat!” ngeunah bae. Ku kuring oge henteu digarah-geureuh ieuh.

Enya, kana mamaras rasa kuring oge sakuringeun, kecap "angkat" di dinya teh henteu genah. Tapi eta mah ku lantarari kuring ti leuleutik geus dipapatahan jeung geus biasa nganggap yen kecap "angkat” mah jang juragan atawa bapa, ari jang sorangan mah kudu "mios". Maranehanana oge sigana lain ku lantaran henteu kungsi diajar ngeunaan eta, tapi bisa jadi pohoeun, atawa bisa jadi nganggap kecap “angkat” leuwih hormat manan "mios", jadi leuwih merenah.

Tapi eta oge ngagainbarkeun kabingungna dina milih kecap-kecap anu merenah cek undak-usuk basa.

Kuring henteu terang naha basa Sunda anu digarunakeun ku eta barudak teh geus umum di Bandung atawa henteu. Lamun geus umum, hartina sanajan sakola

74