Lompat ke isi

Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/75

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ngajarkeun undak-usuk basa, masarakat mah dina seuhseuhanana milih basa sorangan.

Basa Sunda jeung Basa Indonesia

Beni Setia dina tulisanana, nyebut kuring kaliru ku lantaran ngiritik rumusan GBHN Tap MPR Nomor 11/MPR/1983, sabab cek anjeunna eta rumusan teh merenah, luyu jeung rumusan Undang-undang Dasar anu aya patalina jeung soal kabudayaan katut basa daerah. Cek anjeunna ”sacara hipotesis, pangaturan masalah kabudayaan jeung basa dina mangsa ngarumuskeun UUD 1945 pinuh ku karengkengan pulitik kadaerahan. Alhasil mangrupa hasil diplomasi pulitik, hasil kompromi politik anu diatur summir lakar nyugemakeun sarerea.”

Bisa jadi eta sangkaan teh bener sacara hipotesis mah, komo lamun ditingalna tina kaayaan kiwari. Tapi sacara historis henteu aya bukti-bukti anu nuduhkeun yen dina waktu nyusun Undang-undang Dasar masalah basa nasional jeung basa daerah geus nimbulkeun ”karengkengan pulitik”. Lamun ku urang dititenan laporan sidang Chuoo Sangiin anu ngabadamikeun soal-soal kamerdikaan Indonesia, di dinya katingal yen henteu aya ”karengkengan politik” ngeunaan basa, boh basa nasional boh basa daerah. Kitu deui ngeunaan kabudayaan. Nu rame mah soal Islam.

Yen rumusanana summir pisan, eta mah ku sabab dina waktu nyusunna sarerea nganggap yen undang-undang dasar (konstitusi) anu harita disusun ngan pikeun saheulaanan (sementara) bae. Ari nu matak nepi ka kiwari masalah kabudayaan jeung basa tacan aya undang-undangna anu ngatur leuwih tetela, ku sabab sabada diproklamasikeun, nagara Republik Indonesia teh langsung ancrub kana revolusi fisik. Dina kaayaan kitu mah, masalah kabudayaan jeung basa, dianggap bisa diengkekeun sanajan masih dina taun 1948 di Magelang geus diayakeun Kongres Kebudayaan anu munggaran, anu dihadiran ku Presiden Soekarno jeung Wakil Presiden Muhammad Hatta.

Sabada rengse revolusi fisik dina taun 1951 Undang-undang Dasar 1945 diganti ku Undang-undang Dasar RIS, saterusna masih dina taun 1950 keneh, diganti deui ku Undang-undang Dasar Sementara. _ Kakara dina taun 1959, UUD 1945 didekritkeun deui. Tapi kaayaan dina taun 1959, geus kusut ku masalah pusat jeung daerah anu gede pangaruhna kana anggapan ngeunaan kabudayaan jeung basa daerah.

Dina mangsa revolusi fisik, timbul "negara-negara bagian” anu saenyana mah didalangan ku Walanda, anu harita digubernurjendralan ku van Mook. Eta "negara bagian” (kaasup Nagara Pasundan) angkeuhan Walanda mah diadegkeunana teh pikeun ngepung Republik Indonesia nu harita ngungsi ka Yogyakarta. Nepi ka timbul anggapan negatif di kalangan Republikein kana sipat “kadaerahan” da diidentikkeun jeung "nagara bagian” anu mangrupa boneka Walanda-van Mook tea.

Jigana nya ti harita timbulna Sumpah Pemuda anu kaliru, nya eta perkara basa, anu kuduna "Kami putra-putri Indonesia menjungjung tinggi bahasa persatuan,

75