Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/76

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

bahasa Indonesia” jadi "Kami putera-puteri Indonesia mengaku berbahasa satu, bahasa Indonesia” “(perkara ieu kuring nyieun koreksi dina taun 1977, dimuat dina Kompas, ti harita versi Sumpah Pemuda anu timbul deui; sanajan nepi ka kiwari masih keneh bae rea anu kaliru).

Jadi tetela, ayana anggapan negatif kana sagala rupa hal anu sipatna ”daerah”, kaasup kabudayaan jeung basana, nya ti mimiti harita. “Daerah” diaduhareupankeun jeung ”nasional”, padahal samemehna anggapan kaya kitu teh beunang disebutkeun henteu aya. Katambah-tambah dina pertengahan taun 1950-an timbul gerakan-gerakan daerah, anu saenyana mah mangrupa gerakan-gerakan perwira menengah anu jadi panglima di sawatara daerah kalawan alesan pikeun ngawangun daerahna masing-masing, ngayakeun kagiatan dagang ku jalan barter. Waktu pamarentah pusat ngahalangan maksudna tea, tuluy bae ngabarontak bari jeung nyenyered kaom politisi oposisi. Puncakna pisan nya diproklamasikeunana Pemerintah Revolusioner Republik Indonesia (PRRI) anu terus ditumpes ku APRI (Angkatan Perang Republik Indonesia). Gerakan-gerakan daerah teh tangtuna oge beuki mere gambaran negatif bae kana kecap “daerah”.

Kuring rada panjang medar eta hal, sangkan ulah aya anu boga gambaran salah, nganggap yen masalah kabudayaan jeung basa daerah geus jadi isyu anu nimbulkeun “karengkengan pulitik” dina waktu nyusun UUD 1945.

Ku lantaran kitu dina nyurahan kekecapan.anu aya rengkolna dina UUD ngeunaan kabudayaan jeung basa daerah, urang ulah kapangaruhan ku kontroversi pusat-daerah anu timbul beh dieu. Nya eta pisan sababna kuring nyebutkeun yen rumusan GBHN Tap MPR Nomor 11/MPR/1983 teh papalingpang jeung eusi UUD.

Henteu mustahi! eta teh disababkeun ku lantaran para anggota MPR anu nyusun eta rumusan kapangaruhan ku ayana kontroversi pusat-daerah anu timbul beh dieu. Atawa ku lantaran aya anu hayang maksakeun kahayangna sorangan ngeunaan kabudayaan jeung basa daerah dina hubunganana jeung kabudayaan katut bahasa nasional. Kawajiban urang sarerea anu sadar kana cita-cita mulia anu jadi tujuan para bapa anu ngadegkeun nagara urang tea saperti anu aya rengkolna dina UUD, ngajaga sangkan dina prakna ulah mengpar tina tujuan anu asal.

Cara anu kungsi ditulis ku kuring sawatara taun ka tukang, rumusan Undang-undang Dasar ngeunaan kabudayaan jeung basa teh, saenyana mere tempat jeung fungsi anu leuwih penting kana kabudayaan jeung basa daerah (tingali makalah "Pengembangan Bahasa Daerah”, dina Seminar Politik Bahasa Nasional, jeung "Kedudukan Budaya dan bahasa daerah”, duanana dimuat dina Pembinaan Minat Baca, Bahasa dan Sastra, 1983: 139-155 jeung 233-237).

Tapi kamekaran basa Sunda henteu gumantung ka pamarentah bae; malah

pangpangna mah gumantung ka urang Sunda anu mibandana. Gambaran surem Beni Setia baris sirna lamun aya sarjana Sunda anu nuliskeun elmuna dina basa Sunda. Upamana lamun Prof. Dr. DA Tisnaamidjaja nyerat ngeunaan mikrobiologi, Prof. Drs. A Sadali nyerat ngeunaan senirupa, Prof. Dr. Ir. AM Satari nyerat ngeunaan tatanen, Ir. A Noe'man nyerat ngeunaan arsitektur, Dr. Rudy Sjarif Sumadilaga nyerat ngeunaan farmakologi, Dr. Ateng Sjafruddin ngeu-

76