Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/77

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

naan elmu pamarentahan, Dr. Suhardja Wiramihardja ngeunaan astronomi, jeung para sarjana lianna dina widangna masing-masing. Hanjakal nepi ka kiwari anu katingalna aya katineung pikeun nyeratkeun elmuna dina basa Sunda teh ngan Tatang Suganda SH anu sok ngabahas soal-soal hukum.

Basa Sunda moal bisa leuwih maju sanajan pamarentah mere lolongkrang anu leuwih jembar oge, ari urang Sundana sorangan henteu boga katineung pikeun ngagunakeun basa Sunda dina sagala widang kahirupan modern mah. Piraku basa Sunda anu sok jadi kareueus urang Sunda teh ngan ukur bisa dipake heureuy jeung batur salembur bae, henteu bisa dipake ngabahas elmuning tatanen elmuning tatanen acan? Ongkoh geus rea sarjana tatanen (boh Ir, boh doktor, boh profesor) urang Sunda teh, tapi teu aya hiji-hiji acan anu nganggap perelu nuliskeun elmuna dina basa Sunda. Padahal! urang Sunda teh kasebut ”agraris”, anu tangtu aya patalina jeung hal tani.

Sabalikna pamarentah moal bisa ngahalangan kamajuan basa Sunda lamun urang Sunda ngamajukeun basa daerahna ku jalan narulis dina eta basa, nerbitkeunana ongkoh. Piraku urang Sunda anu jumiahna geus nimbulkeun kareueus sarjana basa cara F. Djajasudarma Idat da geus aya 22 juta, eleh ku basa Armenia anu ngan dipake ku kira-kira dua juta jalma, sabab eta basa mah lain bae bisa dipake nulis karya sastra, ngababar agama, jadi panganteur di SD, tapi dipake nulis rupa-rupa elmu, dipake jadi basa panganteur nepi ka Universitas (anu harita bisa dipake ngabahas sagala rupa elmu modern), miboga lain bae majalah tapi oge surat kabar tur lain ngan hiji!

Basa Sunda anu leuwih basajan jeung demokratis

Lamun basa Sunda hayang jadi basa anu bisa dipake pikeun nuliskeun paelmuan anu modern, teu bisa henteu kudu dibasajankeun jeung kudu leuwih demokratis, Dimimitian ku basa anu diajarkeun di sakola-sakola.

Ari anu diajarkeun di sakola-sakola tea, nya basa lulugu, basa standar. Merenah lamun basa lulugu, basa standar, leuwih basajan, leuwih lugas, leuwih logis, leuwih praktis.

Tangtu di sagigireun basa lulugu teh, aya rupa-rupa ragam basa anu bisa dipake nurutkeun situasi jeung tempatna. Anu angger hayang nerapkeun undak-usuk basa di lingkungan kulawargana, nya hempek teh teuing. Anu rek ngagunakeun basa lemes bae, boh ka tukang kebon boh ka tukang balon, kitu deui ka nu ngemis jeung nu kulimis, teu aya halangan. Sabalikna anu resep make basa anu cek dedengean nu biasa kana basa lemes mah garihal, lamun nganggap eta basa nu leuwih merenah dipake ku manehna di lingkunganana, nya teu nanaon.

Dina prinsipna kecap-kecap bisa dipacarukkeun, hartina boh kecap basa lemes, basa kasar, basa sedeng, dianggap sinonim bae. Ngan pikeun ngahormat, hartina ngan pakeeun ka nu lian bae, pisahkeun sawatara kecap anu khusus, upamana anu asalna tina basa lemes kayaning kecap ”angkat”, ”bumi”, ”linggih”, "sumping”, "tuang”, jeung sajaban . Eta kecap ngan pikeun dipake keur ka nu lian bae, henteu meunang dipake ku sorangan. Contona:

77