Kecap manusa dipake mun urang dek ngabedakeun jelema ti sato, tutuwuhan jeung ti pangeusi alam lianna. Kecap pangajen nu loyog dipakena di dieu nya eta martabat. Martabat manusa dibedakeun ti martabat sato, tutuwuhan jeung ti pangeusi alam lianna.
Kecap jelema dipake dina harti wujud nyata manusa saurangna-saurangna (individu) dina hirup kumbuh. Tegesna kecap jelema mah pihartieunana nya eta manusa nu geus ′ngalalakon′ dina pakumbuhan, nya eta manusa nu geus nyandang kalungguhan (status) sosial jeung peranan sosial sarta tugas (fungsi) sosial. Kecap pangajen nu loyog dipake di dieu nya eta harkat (pikeun kalungguhan sosial), jeung darajat (pikeun peranan sosial). Kecap pangkat biasana nuduhkeun lelewek wewenang nu aya dina hiji kalungguhan sosial atawa peranan sosial.
Dina kahirupan sapopoe sok aya kekecapan kieu: ″Si Ujang teh ayeuna mah geus jadi jelema.″ Tah ieu kekecapan teh pihartieunana lain dumeh Si Ujang monyet samemehna mah, atawa lain manusa tadina mah, tapi pikeun nuduhkeun yen Si Ujang geus boga harkat atawa meunang darajat dina kahirupanana. Bisa bae pasalna mah tina miskin jadi beunghar, tina lugah-ligeuh jadi boga gawe nu pantes, Si Ujang teh. Ku bogana harkat atawa ku meunangna darajat, manehna jadi naek ajenna di masarakat. Akibatna aya parobahan tatakrama ti lingkunganana nu ditujukeun ka manehna.
Dina masarakat kolonial-feodal di urang baheula, harkat jeung darajat sosial teh ngan bisa mere ″nilai tambah″ kana martabat manusa nu geus nyampak di beda-beda. Hartina, eta harkat jeung darajat sosial teh teu bisa ari ngarobah martabat manusa mah. Dina novel Lain Eta Moh. Ambri, teu jadina Mahmud ka Neng Eha teh lain ku lantaran harkat jeung darajat sosial Mahmud leuwih handap ti Neng Eha, malah bisa jadi aya leuwihna, tapi ku lantaran dina anggapan Juragan Kalipah, rama Neng Eha, lain turunan raden Mahmud mah. Hartina, dina pandangan Juragan Kalipah manusa Mahmud leuwih rendah ti manusa Neng Eha. Pokna ge cenah, "Lebar teuing anak urang dibikeun ka nu lain turunan." leu kakara pangkat kalipah, komo deui menak nu pangkatna leuwih fuhur. Padahal manusa Mahmud teh martabatna teu kaasup cacah, da turunan mas. Atuh komo deui lamun ka cacah. Jadi, harkat jeung darajat jelema di jaman kolonial-feodal ngan meunang pangajen ti manusa nu samartabat jeung ti nu leuwih handap martabatna, da ti manusa nu leuwih luhur martabatna mah teu meunang pangajen. Alhasil harkat jeung darajat sosial dina jaman harita teu bisa ngarobah martabat manusa. Nya kitu deui, pikeun nanjeurkeun martabat kamenakanana, para menak miboga sarupaning hak istimewa dina soal tatakrama: pikeun dirina, hayang dimemen dienak-enak; sedengkeun ka manusa nu teu samartabat, alim ngamemen, alim ngenak-ngenak, kaasup dina makena undak-usuk basa.