Lompat ke isi

Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/10

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Jadi, lamun anu kasebut bieu di luhur mangrupa alesan keur Ajip pikeun ngaleungitkeun undak-usuk basa (atawa ulah dipalire, ceuk istilah Ajip mah,) hartina undak-usuk teh identik jeung tatakrama kolonial-feodal. Lamun kitu alesanana, bisa ditarima usul Ajip teh lantaran pakumbuhan urang sipatna memang beda ti baheula, geus robah kaayaanana: baheula mah kolonial-feodal, ayeuna mah demokrasi Pancasila. Tapi, sanajan eta usul pamadegan bisa ditarima, masih tacan rengse masalahna. Sabab Ajip tacan mere jawaban kana soal ieu: naha dina masyarakat demokrasi teu aya tatakrama? Lamun sakur nu kasebut tatakrama ngan aya di masarakat feodal bae, tangtuna ge pandangan Ajip mencog tina kanyataan nu aya dina unggal pakumbuhan hirup manusa, sabab silih hormat antara sasama manusa teh ditembongkeun ku tatakrama tea. Jadi masalah nu sabenerna mah eta tatakrama nu asalna ti jaman kolonial-feodal teh kudu diganti ku tatakrama demokrasi.

Dina martabat demokrasi oge aya tatakrama pikeun nembongkeun ayana rasa silih ajenan dina pergaulan antara sasama manusa. Sacara manusa kabeh samartabat, tapi sacara jelema aya atribut-atribut sosial nu mere warna kana ayana perbedaan-perbedaan.Dina lingkungan kulawarga, mis.ilna, dibedakeun antara kalungguhan bapa, indung, jeung anak; mitoha jeung minantu. Di sakola, guru jeung murid. Di kantor, 'atasan-bawahan'. Di masarakat luas: antara inohong jeung balareana. Hiji jelema bisa dipandang inohong ku balareana, bisa jadi ku lantaran luhung elmuna, gede wibawana, gede jasana, loba prestasina tina salah sahiji bidang dina kahirupan. Bisa oge ku ganjorna umur, leu sakabehna mangrua hubungan-hubungan sosial anu geus ngajadi pola saperti: sepuh jeung nu misepuh, kolot jeung nu mikolot, lanceuk jeung nu milanceuk, jst. Sakabeh hubungan-hubungan sosial ieu bakal nembongkeun ayana tatakrama dina pergaulan hirup sapopoe antara papada jalma. Jadi, dina masarakat demokrasi oge aya perbedaan saluhureun-sahandapeun,atasan-bawahan,ngan ieu perbedaan lain ku lantaran martabat manusa teu sarua, tapi ku lantaran ayana kalungguhan sosial jeung peranan sosial jelema nu beda-beda. Tegesna lain ku lantaran beda 'kokocoranana' atawa 'getihna'. Ku kituna, dina demokrasi oge aya tatakrama, tapi tatakrama demokrasi mah lain kawas tatakrama kolonial-feodal. Aya basa hormat dina demokrasi, tapi lain kawas basa hormatna kolonial-feodal. Aya basa lemes dina demokrasi, tapi lain basa lemesna kolonial-feodal nu kaleuleuwihi nepi ka sakitu lungkawingna tingkatanana teh.

Sabenerna, tina hal ngademokrasikeun basa, antara Ajip Rosidi jeung Saini K.M. karasana teu pati beda. Ajip ngasongkeun modifikasi. Saini K.M. ngasongkeun pangalaman sapopoena, nu kieu cenah: ...."nu nulis (Saini K.M.) ngagunakeun basa lemes, boh dina pilihan kecap boh dina lentong. Ka tukang nyemprot hama... kuring ngagunakeun basa lemes tapi lentongna rada cohag, lantaran tukang kebon teh umurna saadieun nu nulis."

10