Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/58

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Nu sarupa kitu disebutna taman kaliung ku situ.

 Jadi nu mashur teh nu anyar.


84 TATAH WADUNG

Hartina = banda beunang takajar

 Ki Pajar meunang warisan ti bapana rupa imah kai hateup kenteng, kebon warna-warna pepelakan kayaning: buah bapang, cengkir, pisitan, rambutan jeung rea-rea deui.

 Ku manehna dipiara hade tina ngingetkeun banda tuturunan.

 Carek pamajikanana, ”Akang tadi kuring nyaba ka dayeuh, resep pisan nenjo imah-imah galede aralus, pakaranganana lega bareresih, cing atuh ieu imah urang ruag bae ganti potonganana, urang nurutan jaman ayeuna, kebon urang bukbak tatangkalanana, ganti ku kekembangan jeung ku cangkok cangkok.”

 Wangsul Ki Pajar, ”Ulah teu hade ari hayang mah boga imah alus jeung pakaranganana beresih nya urang ukul-akal deui bae, ngan ulah ngaruksak tatah wadung kolot.”


85TILAS TEPUS

Hartina = tiap cukup teu nyesa teu kurang

 Baip dipiwarang ku juraganana meuli awi sarupia sarta tuluy sina dijieun pipagereun.

 Baip indit barang geus meunang, tuluy dipotongan, dibeulahan sarta diseukeutan.

 Barang geus sadia pipagereun, tuluy diterapkeun saputer pakarangan, ngan sapoe kaduana geus anggeus.

 Saur juraganana, ”Kumaha Baip anggeus mager teh hanteu kurang.”

 Baip: ”Sumuhun henteu kirang sumawonna luwih, awi galeuhan sarupia ngan ukur tilas tepus.”

ATAWA

 Nyi Nari kasemahan dulurna ti Ciawi, mawa batur lima, ku sabab ka anjangan dulur saaya-aya disuguhkeun.

58