Barang dina usum dahar Nyi Nari nyanguna direaan, sanggeus sadia brak dalahar sukan-sukan jeung tatamu, semah teu asa-asa ka prabumi nya kitu.
Demi geus dalahar gero-gero tatanggana ngaran Nyi Mari ti buruan pokna, ”Nari! Nari! ka dieu sakeudeung.”
Nyi Nari nyampeurkeun ka buruan, barang gok Nyi Mari ngaharewos, pokna, ”Nyi Nari Cing kuring menta sangu sakeupeul bae, itu budak ceurik hayangeun nyatu.”
Nyi Nari noel bari kerung semu karunya, pokna, ”Euleuh-euleuh karunya teuing, sangu teh beak puguh kuring nyangu lima entik, ngan ukur ciples, kumaha atuh, ulah pundung nya, da ukur tilas tepus.”
86TI KIKIRIK NEPI KA JADI ANJING
Hartina = ti bubudak nepi ka kolot
Isuk-isuk Arpin ngaweweleh anakna, pokna, ”Carik naha ari maneh unggal poe ngan pasea bae, meueus aya nu mentog, aing mah geus era deui, ku deungeun-deungeun, cing deuleu jeung babaturan teh sing rapih, jeung eta kahayang aing ulah sok hampang leungeun, mending mun teu bijil getih ngan ukur ngontrog ka dieu, geuning Si Sarip mah nepi ka baloboran dicabok ku sia, sarta bapana rek ngelakeun ka sia, deuleu kudu cara aing bet ti kikirik nepi ka jadi anjing tacan pasea pacogreg jeung babaturan.”
87 CLIK PUTIH CLAK HERANG
Hartina = rido pisan
Ambu Haer geus heubeul mihapekeun anakna di lanceukna, ayeuna ambu Haer teu boga batur nu baris nulung-nulung kana gawe, ari rek miara bujang bolo ampar da kudu diburuhan, nya aya pikiran rek ngala anakna tapi tacan kadugaeun, sieun lancukna pundung, da puguh sakitu nyaaheunana.
Ku sabab geus kacida butuhna ku pibatureun, tuluy bae indit ka lanceukna, barang datang pok ngomong, Akang pang kuring