Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/21

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

1. ARI UMUR TUNGGANG GUNUNG, ANGEN-
ANGEN PECAT SAWED
Pecat sawed - Pecat rakitan = pukul 9 beurang.

 Hartina : nu kolot ngongoraeun.

 Raden Dirasantana umurna geus meh 70 taun, tapi sakitu geus kolotna, masih keneh bae sok aleut-aleutan, pipilueun jeung budak ngora; di mana aya tatanggapan, Raden Dira di dinya aya; lamun barudak ngora nyieun potongan model-model anyar, manehna nurutan, malah sakapeung mah sok nyieun model ku maneh, pikirna hayang leuwih ti barudak ngora tea.

 Hiji poe, keur waktu Raden Dirasantana pelesir, make samping gerusan gincu, baju bodas beunang ngistrik, tarumpah bordel, totopong hideung dijepit ku pasmen sarta dierekeun, supaya eta pasmen katara merebet, leumpangna semu tanggah, ieu aing ngora keneh tur ginding.

 Ceuk Si Saenan, "Arpin, geura itu tenjo Raden Dirasantana, ari popolahan teh ieu aing kasep keneh, ngora keneh bae, tur kapan geus sakitu sipatna."

 Arpin, "Heueuh eta mah, ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed".

 Atawa :

 Ambu Tewang buukna geus camutmut bodas kabeh, huntu geus beak ti luhur, ti handap, kulit geus karenyod; tapi unggal poe meuleuman muncang, sina tutung; ari geus tutung, digesek jeung minyak kalapa, tuluy diulaskeun kana buukna, supaya hideung; eunteung, sisir jeung pupur tara euweuh, disadiakeun hareupeun enggonna, da unggal sore sok pelesir; kitu deui, lamun keur pelesir, leumpangna ganjen pisan, make selop jengke beunang ngabordel, tincakna diatur, sumawonna ari papakean mah, dina sapoe wani

7