Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/22

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

lima genep kali ngagantina ku nu alus.

 Anu sarupa kitu, asup kana paribasa: ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed.


2. AKAL KOJA
Koja di dieu = bangsa Koja, Keling dsb.

 Hartina : akal pinter kana kajahatan.

 Ki Nurha jelema jahat rea akalna, geus meh euweuh hiji jelema nu daek ka anjangan, sumawonna nyobat, sakalieun ka anjangan oge, jelema teh risieun bae, tina rea akalna tea.

 Pa Erot mandoran barang Solo nu teu nyahoeun, hiji poe kadatangan Ki Nurha, barang datang tuluy nawaran totopong Solo, sanggeus dibejakeun hargana, teu ditawar deui, tuluy dibeuli bae, sanggeus dua tilu kali datangna ka dinya, tuluy ngamimitian nganjuk barang 3 - 4 puluheun, jangjina ngan 2-3 poe bae.

 Wates sakali dua kali mah, bener-bener bae mayarna, barang katilu kalina, sarta nganjukna kira 4-5 ratuseun lep bae teu datang-datang.

 Pa Erot geus ngulincer bae neangan Nurha, tapi teu kapanggih, da teu puguh imahna, sabot keur neangan, gok papanggih jeung ki Mulha, omong Pa Erot, "Euy! teu papanggih jeung Nurha?"

 Wangsulna, "Henteu, na ku naon kang?"

 Pa Erot, "Puguh nyokot barang, mimitina mah wates 2 - 3 kali sarta ngan 3 - 4 puluheun, bener mayarna, naha ari geus 4-5 ratuseun, les bae nepi ka ayeuna."

 Mulha seuri pokna, "Puguh ge atuh si eta mah jelema jahat, akalna akal koja."

8