Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/23

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

3. ASA NANGGEUY ENDOG BEUBEUREUMNA
Beubeureum endog leuwih ngeunah manan bobodasna

 Hartina: pangkanyaahna.

 Ki Gandrung anakna lima, nya eta Si Atam, Si Pair, Si Enis, Si Wuku jeung Si Bakit.

 Poe Rebo pasosore, jol sobatna ngaranna Wirda nganjang, kasampak barudakna keur arulin di buruan, ditungguan ku indung bapana, ceuk Wirda, "Edas nu loba putra mah, nya kitu baé resep ningalikeun nya?"

 Wangsulna, "Atuh puguh kang, mangga calik."

 Wirda, “Ieu teh sadayana putra?"

 Gandrung, "Leres, taya nu lian."

 Wirda, "Kumaha ari ka putra-putra, sami bae nyaahna?"

 Gandrung, "Sami bae kang, ngan aya anu pangna, tah kanu tengah, asa nanggeuy Endog beubeureumna teh," bari nunjuk ka Si Enis.

4. BAU-BAU SINDUK

 Hartina :rada baraya.

 Nyi Esnah ngecewis bae jeung Enong, ngomongkeun juragan Camat, pokna, "Enong, naha ari juragan Camat ayeuna aya degig, kami mah masih pasarandog oge, tacan dipariksa."

 Enong, "Meureun bae tara mariksa oge, da anjeunna mah menak, ari ilaing mah somah, nya kudu rumasa bae."

 Esnah, "Hih masih menak oge, teu hade kitu, kudu kumaha Juragan Rangga, nya menak, nya pangkat luhur, geuning unggal papanggih sok mariksa, ieu mah dasar bae angkuh, tur kami teh aya bau-bau sinduk,"

9