Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/79

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

sakapeung mah teu nyaho ngaranna, teu nyaho cicingna, tapi ari papanggih sok sili tanya.
 Hiji poe Iming nyaba ka pasar jeung Dipa, di jalan papanggih jeung Asmu, barang gok Asmu nanya ka Iming, pokna, "Angkat ka mana?"
Wangsul Iming, "Bade ka pasar."
 Dipa nu teu pisan wawuh jeung Asmu, nanya ka Iming, pokna, "Iming, saha nu bieu teh ngaranna, jeung urang mana, naon pagaweanana?"
 Jawab Iming, "Nyao teuing, da dewek oge teu nyaho ngaranna, pagaweanana sumawonna imahna."
 Dipa, "Eta geuning silaing wawuh."
 Iming, "Hih wawuh munding bae."




65