Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/78

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Hiji mangsa aya pacekcokan Ubun jeung Mantri kabupaten, tuluy unjukan ka kangjeng Bupati, supaya Ubun dikaluarkeun tina magangna; tapi kangjeng Dalem henteu ngidinan malah sina terus maturan digawe Mantri kabupaten.

 Ubun ayeuna minangka cicing dina sihung maung, najan Ubun ngalampahkeun sabenerna teu weleh risi, da tadi teh geus nyaho yen Mantri ngewaeun ka Ubun.

 Atawa :

 Sok aya nu nerangkeun kieu: Ubun cicing di lebet (di kabupaten) jadi juru simpen, dina hiji poe datang sobatna, pokna, "Bun bejana silaing cicing di lebet?"

 Wangsulna, "Enya euy geus opat bulan."

 Sobat, 'Sukur bae cicing di dinya mah, sahenteuna ari cicing dina sihung maung mah ku jelema meureun diajenan".


98. TIPU KELING, RAGAJI INGGRIS

 Hartina sarua bae jeung akal koja, ngan ieu mah leuwih gancang kajadianana. Baca dina no. 2


99. CIKARACAK NINGGANG BATU
LAUN-LAUN JADI LEGOK

 Hartina : kudu leukeun.
 Baca dina buku pieunteungeun No. 26.
 Gagak jeung gentong.


100. WAWUH MUNDING.

 Hartina : wawuh meueusan, aya nyaho ngaranna, teu nyaho cicingna, aya nyaho cicingna, teu nyaho ngaranna, malah

64