Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/77

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

95. CARA GAANG KATINCAK.

 Hartina : tina ngaguruh, rep repeh pisan.

 Dina hiji peuting, di imah Pa Elon ngaguruh jelema ngaromong keur maraen kartu, sarta duit jrongirang.

 Teu lila jol Lurah ngetrokan panto, bari gegeroan, pokna, "Aya Pa Elon?"

 Barang geus sidik yen sora Lurah, rep bae nu ngaromong teh repeh, teu aya nu kecat-kecet, sarta damar dipareuman, wani cara gaang katincak bae.


96. CIRI SABUMI, CARA SADESA

 Hartina : beda-beda adat.

 Arsa ngomong ka Oto, pokna, "Oto, dewek mah kaget ku urang dieu".

 Oto, "Naha kaget ku naon?"

 Arsa, "Etah urang dieu mah ari hajat lumbrahna sok dibungkusan, geura ari di Sumedang mah sok diambengkeun, kitu deui di Cianjur bejana sok make ancak."

 Oto, "Hih montong kaget, geuning dina paribasa oge ciri sabumi cara sadesa, nya eta beda-beda adat."


97. CICING DINA SIHUNG MAUNG

 Hartina : jelema nu cicing di pulisi henteu weleh risi (cicing di dunungan nu ngewaeun ka urang) lamun eta maung ngegel, tangtu urang paeh dina teu paehna oge, lamun eta maung ngegel, raheut mah kudu.

 Ubun magang di kabupaten, sarta dipikanyaah ku kangjeng Bupati, demi digawena, salawasna sina marengan Mantri kabupaten.

63