Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/76

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

jeung rea-rea deui, jadi Aki Irwan henteu bisaeun mondok, tina loba anu nyekcokan.

 Carek aki Irwan, "Barudak! cing ulah carekcok teuing, ieu mah cara jogjog mondok bae".

93. CARA BADAK CIHEA

 Hartina : degig tara nanya, tara nganjang.

Nini Dampit nyaba ka pasar rek meuli kanteh, di jalan papanggih jeung dulur sabarayana ngaran ambu Neon, tapi Nini Dampit kaget, sabab barang gok teh, anggur nyimpang teu daekkeun nanya, malah ditanya oge ku Nini Dampit teu nembalan, tuluy bae.

 Ari balik geuwat bebeja ka salakina, pokna, "Aki, ari kami kaget ku ambu Neon, ditanya teu daekeun nembalan, sumawonna nanya mah, ngan ukur ngareret, na ku naon?"

 Aki, "Hih montong kaget, adatna si eta mah jelema degig, jeung baraya teh cara badak Cihea bae".

94. CACAG NANGKAEUN

 Hartina : pagawean anu henteu beres.

 Bapa Salim geus nitah anakna motongan awi pitihangeun, tuluy anakna motongan awi,tapi motongna henteu rata, tapak bedog aya nu luhureun buku, aya nu sahandapeun, henteu papak ngadengdengna.

 Barang ditenjo ku bapa Salim, tuluy ngomong, pokna, "Hih budak teu berek motong-motong acan, tenjo bae ku maneh, geuning eta cacag nangkaeun".

62