Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/75

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

91. TEU KAKURUNG KU ENTIK
entik = takeran beas.

 Hartina : teu kaasup bilangeun kana dahar.

 Poe Jumaah, Rd. Umar meunang surat ti adina, kieu unina :

 Kang raka!

 Dina dinten enjing Saptu, rayi, pun bojo sareng tuang putra Ki Suma, bade ngabujeng ka kang raka, perluna taya sanes, mung bade ningal ngaben kuda nun.

Salam baktos kang rai,
SASTRAPARANA.

 Barang enggeus maca surat, gero-gero ka bojona pokna, "Enden! Enden! isukan Ki Sastra rek ka darieu saanak-bojona, nyangu kudu dileuwihan tiluaneun".

 Isukna jol daratang, barang geus dahar leueut, jol deui Bapa Nangga, ceuk Raden Umar, "Euleuh! euleuh! bapa, kumaha ieu teh daharna, sina ngopi bae ka dinya, mangga bapa". Bapa Nangga, "Naha ari bapa teu kakurung ku entik?"

 Jawabna, "Henteu, pa".

92. CARA JOGJOG MONDOK
jogjog, ngaran manuk.

 Hartina: cekcok.

 Aki Irwan loba anak incuna, dina hiji peuting daratang ngendong di Aki Irwan, samemehna hees, rupa-rupa polahna barudak,aya nu ngadongeng, aya nu heureuy, aya nu tetembangan

61