Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/74

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

89. TEU AYA SAREBUK SAMERANG NYAMU
sarebuk = saeutik; nyamu = haseup lamak.

 Hartina : euweuh saeutik-eutik acan (taya pisarateun).

 Gero! gero! Nyi Sari ka Nyi Wasi, pokna, "Wasi! Wasi! cing ka dieu nganjang."

 Wasi, "Aeh, aeh! nyai, geus di dieu deui, bari tuluy nyampeurkeun, ari ditenjo di imahna bet geus peretek barang-barang."

 Ceuk Wasi, "Mana ari tuang raka?"

 Sari, "Hih kapan geus kawin deui, kuring mah diserahkeun, barang-barang dibawa kabeh."

 Wasi, "Ari tuang raka ditinggalan naon?"

 Sari, "Teu ditinggalan naon-naon, sarebuk samerang nyam u ge teu aya nu ditinggalkeun.'

90. TEU KAUR BULUAN.

 Hartina : teu kaur boga rejeki (teu kaur boga banda).

 Akid nanya ka Sipan, pokna, "Sipan, naon hartina ari teu kaur buluan?"

 Sipan seuri, pokna, "Nu teu kaur boga rejeki (banda)".

 Akid, "Saperti kumaha?"

 Sipan, "Nu mindeng boga anak, atawa nu mindeng ngawinkeun, atawa pindah, saperti guru-guru anu mindeng dipindahkeun ku Pamarentah, tah nu kitu moal kaur boga banda, sabab lamun manehna pindah, barang-barang na moal dibawa kabeh, barang murah dijual bae, atawa dibikeun pisan ari enggeus boga barang, dipindahkeun deui, eta barang-barang nu beunang meuli anyar, kapaksa kudu dikaluarkeun deui, tah kitu kateranganana teu kaur buluan teh".

60