Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/73

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Aman, "Sanes malah kasaksian ku putra ku eneng Irin."

 Guru, "Sukur pisan lamun enya beunang maneh, ieu jijieunan alus, siga pisan kadal jeung bangkong, tah maneh dipersen patlot jeung cet," bari tuluy guru ka sejen kelas nembong-nembongkeun eta karajinan, saurna, "Ieu karajinan beunang Aman, coba ku maraneh tenjo sakieu alusna, sakieu jigana pek ku maneh awas-awas, kadal nu enya teh nya kieu, sagede kieu rupana ge, jadi bangunna jeung rupana henteu di piceun sieur."

88. TEU MEUNANG CAI ATAH

 Hartina : nu teu meunang kangeunahan hate, ti ditu, ti dieu dicarekan bae.

 Hiji mangsa bibi Santrem nitah ambu Sadi, ngajual benten harga Rp.40 ceuk bibi, "Ambu Sadi, ieu kami pangjualkeun benten harga Rp.40 dimana payu, ilaing dibere Rp.5."

 Wangsulna, "Mangga meungpeung aya Nyi Suri, bareto manehna rek meuli."

 Ceuk si Sadi anakna, "Ema, ku kuring bae jual, geura didinya aya urang Leles rek meuli benten teh."

 Ceuk ambu Sadi, jeung ceuk bibi, "Wah cumah, maneh mah moal bisa."

 Si Sadikeukeuh, tuluy eta benten dibawa ka urang Leles tea, barang datang tuluy adu tawar.

 Ceuk urang Leles, "Hade ieu barang dibeuli ku kuring Rp.40 tapi isuk duitna."

 Sadi, "Mangga."

 Ari geus nepi kana jangjina, eta jelema euweuh, kabur. Ayeuna si Sadi pada nyarekan ku bibi Santrem jeung ku indung bapana, tina hantem teuing pada ngagelendeng, tungtungna si Sadi minggat, tina teu meunang cai atah.

59