Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/72

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Demi walon Pa Sanglir jeung bari imut, aduh-aduh anak aing, nu geulis ulah rek pundung, sabab jalanna aringgis, jaba hese pungkal-pengkol.

 Maneh nyaho jalan mimitina turun, tuluy mengkol bulat beulit, jalan rupit nanjak mudun, subuh-subuh lamun indit, datangna ge palolohor.

 Ayeuna mah nyai anggur geura nyangu, ngangeun kacang nyambel hiris, ngulub waluh masing hipu, tinimbang nyaba teu hasil, cumah geulis tembong gelor.

87. TEU DIPICEUN SASIEUR
sieur = sato nu leutik pisan.

 Hartina : nuduhkeun sarua (ceplek).

 Ayeuna di Europa, geus aya nu bisa niru-niru nyieun endog hayam, bangunna, gedena jeung rupana, ceplek endog hayam, teu dipiceun sasieur.

 Atawa :

 Ceuk Mimi, "Iti, naha ari halis neng Supi aya jiga halis Nyi Sarmi, geura awaskeun aya ceplek, teu dipiceun sasieur.

 Atawa :

 Aman dipiwarang ku guruna nyieun rupa-rupa karajinan, ku taneuh porang atawa ku naon bae.

 Ari Aman nyieun ku dempul kakadalan jeung babangkongan, ceplek jiga pisan.

 Barang di sanggakeun ka guruna, guru tuluy mariksa, "Ieu jieun saha?"

 Aman, "Kenging abdi."

 Guru, "Lain beunang meuli?"

58