Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/71

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Hartina: nu hayang senang, anggur tambah ripuh (hayang untung, jadi rugi).

 Ki Tohir jadi tukang sate domba, kauntunganana ngan ukur bae bisa nyatu, ari baris pake mah lapur pisan. Ti dinya badami jeung pamajikanana, pokna, "Nyai dagang sate teh euweuh majuna, cing ayeuna mah urang ganti bae dagangan teh, nya eta urang dagang cikopi, make susu, sugan bae leuwih gede untungna." Carek pamajikanana, "Sukur ari kitu mah.

 Ti dinya prak dagang cikopi make susu, ku sabab manehna tacan biasa, ngaladanganana henteu jeung kira-kira, tungtungna modal oge kapotong, ti dinya pek deui meuli susu jeung gula pasir, sarta ngaladanganana henteu cara sasari, ah nu meuli teu pati loba, jadi kendor daganganana.

 Ari tadi keur dagang sate, enya batina henteu loba, tapi unggal dagang beak-beak bae. Tohir ngomong ka pamajikanana, pokna, "Nyai, kalakuan ieu asup kana paribasa titirah ngadon kanceuh, nya eta hayang senang, jadi ripuh, (hayang untung, jadi rugi) ayeuna mah urang dagang sate deui bae."


86. TEMBONG GELOR
gelor = karooh tapi lain kitu maksudna.

 Hartina: jiga deukeut tapi jauh.

Magatru.

 Aki sampir lemburna di lamping gunung, bapa Sanglir kitu deui, pada tembong eta lembur, jiga padeukeut teh teuing, lamun urang ngagorowok.

 Enggeus tangtu kadenge ka lembur batur, caturkeun anak Pa Sanglir, ngaran Nyi Haer nunuhun, ku hayang aya paidin, nyaba ka lembur nu tembong.

57