Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/70

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

barang dagangan, kayaning : encit, keper, samping jeung totopong; dijalan gok papanggih jeung Ki Suma, carek Ki Suma, "Naha barang teh digembol euy, kapan sasarina mah ditanggung?"

 Walon Agus Ambal, "Nya digembol bae, da ayeuna mah daganganana saeutik, najan diloba-loba oge, kalah ka cape bae, da hese pisan payuna."

 Suma, "Baruk hese payu, geuning kamari ieu mah bulan puasa, sakitu entengna ngajualan teh."

 Ambal, "Puguh da bulan Puasa, deukeut ka usumna dipake, geura bulan ieu mah, hayang mayukeun 2 potong oge, seuseut batan neureuy keueus (seuseut seuat)."

84. TAYA HALODO PANYADAPAN

 Hartina: taya kendatna; ieu babakuna di pakena (mindeng) ka nu pasea.

 Ambu Arnesak anakna 2 lalaki, nu hiji umur 9 taun, nu hiji deui umur 10 taun; eta dua budak, unggal poe unggal peuting ngan parasea bae.

 Hiji poe adina ceurik, lantaran pasea jeung dulurna, ari pasosore, geus gero deui lanceukna, diseblok lebu panas ku adina, ari reup peuting, ger deui pasea sarta duanana pada ceurik.

 Carek indungna, "Barudak! peuting ieu sia moal dibere nyatu, sabab bongan sok parasea bae, ari benerna kudu sili elehan, lanceuk sing aya bawana gede, nu leutik sing ngarumasakeun leutik keneh, ieu mah di deuleu-deuleuna, taya halodo panyadapan, cara seuneu jeung injuk bae.

85. TITIRAH NGADON KANCEUH
kanceuh = kacida.

56