Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/69

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

nu awewe, lamun dideuleu saliwat, jiga goreng rupana, ditelek-telek bet paluk, kewes pantes lucu pisan.

 Santi ngawalonan manis, aeh-aeh enya akang, budak teh bet siga goreng, cing mangga urang deukeutan, supaya. awas pisan, ceuk Ki Santa atuh hayu, budak saha bet si e uran.

82. SUKU DIJIEUN HULU, HULU DIJIEUN SUKU

 Hartina: bebeakan gawe (hese cape).

 Piun anak Ki Sanoh, ti leuleutik dipikanyaah ku bapana, beurang peuting poho dikacapean, tina ngingetkeun bisi anak teu dahar atawa teu make.

 Hiji poe Piun bebeja ka bapana, pokna, "Bapa ayeuna kuring rek ang ka Singapura, dibawa ku hiji Cina tukang potret, meunang bayaran Rp.10."

 Ceuk bapana, "Montong ujang, di dieu bae jeung bapa, tina bapa teu boga deui anak nya eta dibelaan hese cape oge ngurus maneh."

 Piun, "Ah moal beunang dicarek kuring mah, rek indit bae, di dieu oge teu ngeunah, pake kurang, dahar kurang," bari tuluy indit.

 Ki Sanoh nyeri pisan hatena, tina teu digugu ku anak, pokna, "Beu nya kitu bae sia, beunang aing hese cape ceuk babasan mah suku dijieun hulu, hulu dijieun suku."

83. SEUSEUT BATAN NEUREUY KEUEUS
(SEUSEUT SEUAT)
keueus = cau leuweung.

 Hartina: hese pisan (hese beleke).

 Dina hiji poe, Agus Ambal indit ka Cihapit, bari ngagembol

55