Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/68

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

sumawonna mun nyieun putusan sok sagolek pangkek sacanggreud pageuh.

 Atawa :

 Raden Puspa ana sasauran teh, sok sagolek pangkek sacanggreud pageuh, hartina pararasti.


80. SIBANYO LALEUR

 Hartina: beak pisan.

 Ki Untang unggal-unggal mentas dibuat,geuwat melak hui, cabe jeung jagong, lamun geus usum diala, tara tuluy dijual, sok geuwat diteundeun dipara, cabena dituhurkeun, jagongna dieumping.

 Lamun tatanggana kakurangan, sok datang ka Ki Untang, meuli huwi, cabe, atawa jagong nu dieumping tea; tina dituntut lila-lila beak.

 Dina hiji poe, sanggeus teuteundeunana beak, datang deui tatanggana, nu sasari sok ka dinya, ngaranna Ojan, pokna, "Ki Untang, cing kuring ngahilian eumping lima jantung."

 Ki Untang, "Boro boro limajantung, sajantung oge teu aya pisan, atuh da neundeun ngan saeutik, wayah kiwari wani geus teu aya hakaneun-hakaneun acan, istu, sibanyo laleur teh."


81. SIEURAN

 Hartina: sabehan siga goreng patut, tapi dideuleu-deuleu bet tegep.

 Ieu paribasa meh sabalikna tina Sari gunung no. 76.

Asmarandana.

 Ki Santa ngomong ka Santi, Santi geura awas-awas, itu budak

54