Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/67

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ku babaturan, sok ngomongkeun sakirincinging duit, sakocopoking iwak, eta naon hartina nu kitu teh?"

 Adung, "Kieu, eta paribasa dimisilkeun kana duit jeung kana lauk, eta teh lamun teu nyaho, gogoda nu pangbangetna, sabab sakabeh jelema kana duit atawa kana lauk euweuh nu teu daek (hayang), geura lamun urang ngadenge duit ngirincing, kudu bae ngalieuk, atawa lamun ngadenge lauk ngocopok kana liang, kudu bae dilieuk, najan eta lauk leutik, ceuk sangkaan hate mah, moal teu gede; tah kitu kateranganana sakirincing duit sako copoking iwak teh."


78. SABUKU JARINGAO (SAKESER DAUN)

 Hartina: meh euweuh antarana (henteu elat).

 Nyi Mai ka warung, bari ngais anakna leutik keneh barang datang ka warung tuluy ngomong, pokna, "Euleuh! euleuh! si geulis ka warung, rek meuli naon nu geulis teh?" bari tuluy ngomong ka indungna, pokna, "Tah geuning budak teh ayeuna mah hurip."

 Mai, "Aya berkah ayeuna mah, sareng nyusuna oge, ngan sabuku jaringao."

 Atawa :

 Ceuk Nyi Mai, "Berkah ayeuna mah, daharna oge ngan sakeser daun.


79. SAGOLEK PANGKEK, SACANGGREUD PAGEUH

sagolek = sakali.

 Hartina: omongan nu pasti, tara dirobah deui.

 Ajengan Ciwaru, jelema pinter kacida, tigin apik, tukuh, ana sasauran tara ngayayay, panjang catur pondok maksud,

53