Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/66

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

di Dago, aya nu di Babakan, nu di Cikaso jeung sajaba ti dinya.

 Ujang Suki, incuna aki Halid, ditanya ku tua-tua Ciwaru, pokna, "Ujang, kumaha tuang eyang, jumeneng keneh?"

 Wangsulna, "Pun aki geus pupus, malah sakabeh putra-putrana ayeuna mah sapu nyere pegat simpay da titinggalna parantos dijual."


76. SARI GUNUNGOULA

sari (1) = rasa.

 Hartina: jelema tembongna ti kajauhan jiga tegep, tapi ari geus deukeut bet goreng patut.

Mijil.

 Hiji jalma ngaran Nyi Sulasih, anak Bapa Meon, eukeur leumpang turut jalan gede, beunang saged make samping ewit, baju sutra kopi, mendung make payung.

 Nyai Omas nu eukeur pelesir, ka Sulasih nenjo, nenjona teh rada anggang keneh, ceuk Nyi Omas saha itu ginding, mana tegep teuing, kawasna tatamu.

 Panasaran Omas kayang sidik, Sulasih didago, enggeus deukeut tetela bet bopeng, huntu tonggar biwir kandel jeding, Nyai Oma seuri, horeng sari gunung.


77. SAKIRINCINGING DUIT, SAKOCOPOKING IWAK
sakirincinging, asal kecapna, kirincing

 Hartina: gogoda nu panggedena, najan sapeser, ari kana banda Pamarentah, ulah rek ganggu.

 Indam nanya ka Adung, pokna, "Adung, dewek teu harti

 (1) Saestuna lain sari, kudu seri, hartina cahya. Seri gunung - cahya gunung

D.K. ARDIWINATA.

52