Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/65

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

beunang, bet diragragkeun, atuh moal aya mangpaatna.

 Nya kitu deui jelema, asalna ngahantem diajar, tuluy magang, lila-lila meunang pagawean, ari ladangna, nya eta bayaran, ari geus katampa ku urang dimonyah-monyah, dipake lacur atawa ngadu, tah kitu hartina ulah muragkeun duwegan ti luhur teh."


74. RIUNG MUNGPULUNG (RIUNG-RIUNG KUKURUMPUNG)


 Hartina: kumpul sadulur-dulur.

 Arja nganjang ka Tarwan, barang datang ceuk Arja, "Imah saha eta weuteuh?"

 Tarwan, "Imah pun adi."

 Arja, "Ah!ah! atuh ayeuna mah kumpul nya, baraya teh?"

 Tarwan, "Aya berkah, nya eta kuring teh inget kana wiat sepuh baheula, saurna: barudak, sabisa-bisa ari jeung baraya kudu riung mung pulung ambeh babari geusan badami.


75. SAPU NYERE PEGAT SIMPAY

simpay = bengker.

 Hartina: paturay, papisah (pabarencay) jeung baraya.

 Keur waktu aki Halid hirup keneh, kumpul anak incuna di lembur Bolang, imah-imahna ngaberes, wungkul dieusian ku anak incuna.

 Barang aki Halid geus maot, eta imah-imah jeung pakarangan, dijual ku anakna cikal, ladangna tuluy diwariskeun.

 Sanggeus dijual, dulur-dulurna arindit, ti dinya nyaliar imah jeung pakarangan, pada-pada milih di mana kahayangna, aya nu

51