Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/64

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

bulan, manehna keukeuh kudu mayar sewaan 5 perak; lamun kuring teu mayar rek didawakeun."

 Ua, "Ceuk aing oge kudu asak badami, najan aya.saksi ari ngan saurang mah cumah moal dipercaya, cing inget ti ayeuna ulah kaburu ku asih, pedah-pedah dititah nyicingan sarta teu nyewa jol daek bae, kumaha mun kitu; sabab jelema mah sok owah gingsir, top tah duit dua ringgit."


72. OMONG HARUS MANAN GOONG


 Hartina: kahadean kagorengan gancang nyaliarana.

 Arjiam urang Garut dihukum meunang lima peuting dibuina, lantaran ngaruksak Almadi. Sanggeus-kaluar ti bui manehna tuluy ka Bandung, kakara jol ka sobatna, sobat nanya pokna, "Bejana silaing dibui, lantaran neunggeul Almadi, enya?"

 Wangsulna, "Enya, na ti mana akang meunang beja?"

 Sobat, "Hih, poean silaing dibui oge dewek geus nyaho, ari kagorengan mah puguh oge gancang nyaliarana, kadieu deui ka Bandung teu sabaraha jauhna, geura ka Batawi atawa ka Banten ayeuna geus nepi, kapan carek paribasa oge omong harus manan goong.


73. ULAH MURAGKEUN DUWEGAN TI LUHUR

duwegan, = kalapa ngora.

 Hartina: ulah ngamonyah-monyah rejeki beunang urang hese cape.

 Aki Gadeg ngawuruk ka incuna nu geus jadi jurutulis, pokna, "Ujang kade ulah sok muragkeun duwegan ti luhur, ari duwegan tea nu diarah caina, lamun dipuragkeun, geus tangtu peupeus, caina teu kapuluk, sakitu beunang rekah-rekuh naekan, ari geus

50