Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/63

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

70. NYOLOK MATA BUNCELIK

 Hartina: nu jauh dibere, ari nu moncongok teu dibere, tur nyahoeun (deungeun dibere, ari dulur henteu) atawa mere kateungeunah hareupeun.

 Nyi Emes adi Nyi Irut imahna saburuan, pahareup-hareup.

 Hiji mangsa Nyi Irut pulang ti Garut, loba babawaanana, jeruk jeung lauk cai.

 Barang jol oge tuluy bae babagi ka sobat-sobatna, ceuk Nyi Irut ka bujangna, "Isem! ieu anteurkeun jeruk 10, lauk 5 ka Nyi Arinem, ieu jeruk 5, lauk 4 ka Nyi, Saptinah; ieu jeruk 8, lauk 6 ka Bibi Rati". Ari Nyi Emes mah adina tea moncongok teu dibere.

 Ku sabab kitu, Nyi Emes ngajengket bari baeud, nepi ka dua poe teu ngajak lemek, teu unggah ka imah lanceukna, katilu poena ditanya ku Nyi Irut, pokna, "Emes, ari sia geus dua poe ka aing teh ngandelak-delek, jeba-jebi bae, kawas nu ngewa.

 Wangsulna bari guwar-gaweur, "Meureun bae eteh mah da nyolok mata buncelik, ari deungeun-deungeun dipupujuhkeun, ari dulur mah teu ngaletak-letak acan

71. OWAH GINGSIR

 Hartina: pikiran jelema tara angger.

 Ki Sabu datang ka uana bari ceurik, pokna, "Ua, cing kuring nambut duit dua ringgit."

 Ua," Keur naon?"

 Wangsulna, "Keur mayar sewaan ka Ki Badar.'

 Ua, "Naha atuh wawanianan nyewa, ari teu boga duit mah."

 Sabu, "Da kuring oge henteu rek nyewa, tadina manehna nu hayang dipangnyicingankeun imahna, pokna montong nyewa, malah aya saksina keur waktu nitah. Barang kuring geus cicing 5

49