Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/62

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Ceuk pamajikanana, "Euweuh, ka cai."

 Upas balik, tuluy unjukan ka juragan Wadana.

 Heuleut satengah jam, geus disaur deui, tapi Ki Tadir euweuh keneh bae.

 Barang geus pukul dua Tadir datang ka imahna, ceuk pamajikanana, "Ti mana nyaba teh?"

 Ki Tadir molotot pokna, "Naha, aya awewe cerewed teuing, ti tatadi oge digawe di juragan Wadana, coba ti barang jol nepi ka bieu teu eureun."

 Omong pamajikanana, "Deuleu ituh, teu era-eraeun, puguh juragan nyaur sababaraha kali, pajar mentas ti juragan, bari keur naon palatat-polotot, bet dideuleu-deuleuna nyieun pucuk ti girang."

 Ki Tadir cicing teu ngomong.


69. NYERI BEUHEUNG SOSONGGETEUN


 Hartina: ngarep-ngarep kacida.

 Dina poe Saptu Mangku ngajangjian Armaji, yen manehna dina poe Salasa bakal datang ka sawahna, rek ngadon nyatu.

 Mangku suka kacida bakal kadatangan sobat, saperkara hayang ngahormat, kadua hayang katenjo beubeunangan nyawah, sabab dina taun eta manehna untung.

 Barang nepi kana poe Salasa ti isuk-isuk ngarep-ngarepna geus lieuk deui-lieuk deui, tapi euweuh keneh bae, datang-datang geus pukul dua.

 Kakara gek Armaji diuk, ceuk Mangku:

 "Edas, di antos-antos ti isuk kakara sumping kiwari, mani geus nyeri beuheung sosonggeteun balas ngalieukan."

48